Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
Imam Ja’far Ash-Shidiq putuna Rasulullah S.A.W. dina hiji mangsa anjeunnai nuju ngagarap lahan sawahna, katingali kesang ngagarajag maseuhan salirana nu nganggé anggéan kacida basajanna. Nuju anteng didamel, Abu Amr Syaibani nyakétan anjeunna bari teras nyarios:
“Mangga éta pacul téh pasihkeun ka jisim abdi sun !... wios jisim abdi nu neraskeun padamelan salira” ceuk Abu Amr bari nawarkeun jasa, da pamikirna meureun Imam Ja’far matak kituna téh euweuh sasaha deui.
“Ih ..ulah..! keun baé ..kami masih sanggup kénéh migawéna” Waler Imam Ja’far. “Kami resep ka hiji jalma nu giat digawé pikeun nohonan kawajiban nganafakahan nu jadi kulawargana bari teu tolih najan poé panas atawa hujan”Tambih Imam Ja’far, bari katingal ngecagkeun paculna, teras nyakétan ka Abu Amr, ka kuping anjeunna neraskeun deui cariosanana:
“Yeuh digawé jeung usaha téh kaasup perkara nu kacida luhung ajénna, tur kacida pinujina mungguhing ajaran agama Islam, sabab kamulyaan atawa kaluhungan hiji perkara bakal dituturkeun ogé ku kaluhungan jeung kamulyaan dina hasilna saba’dana éta perkara dipigawé”
“Hasil tina migawé hiji perkara atawa usaha dina raraga nohonan kawajiban dina raraga nganafkahan kulawarga kalayan giat, éta teh bakal nimbulkeun kaluhungan martabat hiji jalma dipayuneun Nu Maha Agung. Sabalikna mun seug hiji jalma nu gawéna ukur nangkeup harigu nungguan nungguan rezeki datang sorangan tanpa ayana digawé jeung usaha, éta hal téh kaasup kana ngaragragkeun harkat martabat dipayuneun Nu Maha Agung, tah mun seug hiji jalma nu boga kawajiban teu malire kana kawajibanana, maka manéhna geus kaasup kana golongan manusa nu darajatna hina bari pamustunganana bakal ngarasakeun akibat tina éta kabéh. Malah kaasup dosa hukumna mungguh ajaran agama Islam”.
“Tah Manfaat jeung hikmah giat digawé reujeung usaha, diantarana nyaéta bakal numuwuhkeun kana aktifna fikiran manusa pikeun salawasna ngayakeun usaha geusan ningkatkeun kaayaan kahirupan kulawargana, tah hal ieu pisan bakal numuwuhkeun dua kauntungan nu bakal karaéh, nyaéta:
Nu kahiji, bakal ngilangkeun lamunan-lamunan atawa panjang angen-angen nu matak nyilakakeun, nu biasana sok datang harewos nu matak mawa kana rasa was-was ti syétan mun seug manusa kaeunteupan ku lamunan-lamunan nu teu paruguh. Tah ku giat digawé jeung usaha éta kabéh bakal ilang.
Nu kadua, ku giatna digawé jeung usaha, bakal numuwuhkeun rasa istiqomah pipikiran, bakalna eunteupna rasa tingtrim bathin, tenangna rasa, komo mun seug hasil tina gawé jeung usahana aya dina kamucekilan atawana pinanggih jeung untung, bakal datangna rasa bagja.
Salian tina dua kauntungan éta ogé, bakal tumuwuhna deui hal-hal nu sifatna positif, sabab ku ngamanfaatkeun énérgi diri, poténsi reujeung pikiran diri kana hal-hal nu positif. Tur hal ieu ogé bakal numuwuhkeun kana kasucian jiwa tina rereged-rereged kahirupan, ditambah deui bakal hadirna ka khusyu’an ati dina raraga bakti diri ka Gusti Nu Maha Suci.
Anjeun kudu inget ! yén ayana kaitanana antara pagawéan nu dipigawé jeung usaha jeung kasucian akhlaq. Ogé aya kaitanana antara sikep nganggur jeung goréngna akhlak hiji jalma. Sabab dimana hiji jalma nganggur atawa ngajauhan digawé jeung usaha, maka bakal migawé hal-hal nu négatif, misalna ghibah jeung sajabana.
Jiwa manusa téh lir ibarat padaharan nu salawasna bakal mikabutuh kana dahareun, tah sakirana henteu bisa nyukupan, maka naon baé bakal dijadikeun dahareun geusan nyukupan rasa lapar jeung hanaangna, sanajan nu didaharna téh perkara nu goréng nu matak nyilakakeun.
Dina sajarah kacutat, yén dina mangsa abad ka-2 dina sajarah Islam, ayana sagolongan jalma nu mibanda pamadegan nu nyimpang tina ajaran agama Islam. Salah sahijina nyaéta maranéhna nganggap yén digawé jeung usaha téh kaasup hal nu pagedrug jeung agama utamana mah jeung katakwaan hiji jalma. Antukna maranéhna nganggap goréng patut nalika maranéhna ningali ayana para Imam digarawé jeung usaha dagang jeung tatanén.
Tah dina hiji mangsa di nagri Madinah nu harita kaayaan tengah poé meumeujeuhna panas mentrang-mentring ku panon poé, diantara nu boga pamadegan nu nyimpang téa ningali aya jalma nu kaluar ti hiji imah, nu kaayaan éta jalma téh awakna lintuh bayuhyuh, manéhna leumpang kalayan dipayang ku sababaraha jalma nu nuturkeunana nuju ka hiji kebon.
Nu boga pamadegan nyimpang téh ting gerendeng:
“Saha deui atuh, na meni nemen-nemen teuing ngungudag kadunyaan, sakieu hawa keur papanasna”.
Barang geus deukeut, horéng jalma nu lintuh bayuhyuh téh nyaéta, Imam Muhammad Al-Baqir (putu Rasulullah S.A.W.). keur kitu salah saurang diantara jalma nu boga pamadegan nyimpang téh cumarita:
“Naha pantes pangkat Imam samodél anjeun, indit kaluar ti imah pikeun nyiar kadunyaan?”
“Sakirana ajal kami datang ayeuna, kami ikhlas, kami ridho, tur kami kaasup golongan jalma nu meunang untung, sabab kami ayeuna dina kaayaan keur ibadah, yeuh..! kami téh boga kawajiban pikeun nganafkahan kulawarga kami, tah lamun kami teu digawé jeung usaha, naha kami kudu namprak ménta bantuan ka anjeun pikeun nyukupan pangabutuh kami jeung kulawarga kami”.
Ku ngadéngé jawaban Imam Al-Baqir, maka jalma-jalma nu mibanda pamadegan nu nyimpang téh, nyarita:
“Satadina kami boga maksud nganaséhatan anjeun, tapi kalah ka sabalikna geuningan kami nu meunang naséhat ti anjeun nu kacida luhung ajénna”.
Walllohu A’lam Bish-Showaab
Subang, 18072010

Tidak ada komentar:
Posting Komentar