Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
“Amanah Allah anu bentukna mangrupa syaré’at Islam, wajib ku urang dilaksanakeun geusan ngawujudkeun katingtriman lahir reujeung bathin urang”. Saur Mama Ajengan ngamimitian muka bahasan dina pangaosan ba’da Isya. Anjeunna calik sila bari mayunan méja kayu nu diluhurna geus namprak kitab tafsir Al-Qur’anul Karim sareng disagedengeunana cai herang sagelas. Santri manco sami bari sarila, ngaregepkeun dirohangan tempat khusus ngaji, bari dipisah antara santri lalaki jeung santri awéwé ku hijab nu maké hordéng pulas héjo nu dipentang ku tambang. Lajeng kakuping deui Mama Ajengan neraskeun hanca bahasanana ngeunaan bahasan “Miluruh Jalan geusan ngudag Katingtriman bathin”:
“Dina Syaré’at Islam geus kabeungkeut, geus ngumpul sagala aturan jeung katangtuan anu bakal ngajamin ngawujudna atawa kacangkingna katingtriman bathin. Tah dina raraga urang nyangking katingtriman bathin téh aya dua hal nu kudu dipelak, dipiara malah mandar éta dua hal téh walatra karasa bari bener-bener dijaga sapuratina dina raraga ngisi kahirupan di ieu alam dunya. Naon atuh dua hal éta téh ?”. Saur Mama Ajengan, liren heula sakedapan, teras katingali anjeunna nyeuseup udud heula bangun nu nikmat nu dibebeskeun kana cangklong hideungna, da tos kabiasaan, Anjeunna mah pami ngaos téh tara leupas ti nyesep. Demi sesepeun kalangenana téh nyaéta roko Djarum Coklat. Teras kakuping deui anjeunna nyarios:
“Nu kahiji nyaéta ngalaksanakeun aturan Allah, laksanakeun paréntah Manten-Na, ogé jauhan bari mun bisa mah tinggalkeun kana naon-naon nu dilarang ku Manten-Na Alloh Robbul ‘Aalamin, anu mémang tos sawadina urang salaku makhluq ka Kholik-na, tah Hal ieu nu disebut ‘Hablum-Minalloh” tali Allah atawa agama Allah bisa ogé disebut hubungan sareng Allah, tah éta nu kahiji”
“Nu kadua” . Saur Mama Ajengan neraskeun deui cariosanana. “Prak laksanakeun sagala aturan-aturan nu geus meunang kasapukan antara papada manusa nu bentukna kamaslahatan, tegesna widang mu’amalah, hartina melak kahadéan antara papada urang, contona prak campur gaul jeung papada batur kalayan melak akhlakul karimah, prak raketkeun duduluran kalayan hadé jeung sasama manusa, tegesna silih bantu ka papada batur nu keur manggih karipuh, silih talangan ka sasama nu keur meunang kasusah, écagkeun panyakit haté nu matak paburencayna karukunan hirup, piceun nu jauh panyakit haté nu matak paburantakna kasauyunan kahirupan, nya diantarana, panyakit sirik-pidik, jail kaniaya, hasud, fitnah, riya, sum’ah, ulah silih borétékeun kasalahan, aib jeung cacad sasama, ogé ulah silih gejrétkeun dina usaha, ulah silih sikut, silih dudut, silih suntrungkeun jeung nu séjén-séjénna, tapi kudu silih seungitan, silih asah, silih asih, silih asuh..boh dina kahirupan imah tangga, pon kitu kénéh dina hirup kumuh di tengah-tengah masyarakat ..tah ieu nu disebut ‘Hablum-Minannaas’ téa….éta nu kadua.”
“Jadi, usaha Miluruh Jalan geusan ngudag Katingtriman bathin téh ukur dua koncina, nu kahiji, ngahadéan Hamblum-Minalloh, nu kadua ngahadéan Hablum-Minannaas, teu loba geuningan. Bari jeung dua konci éta téh mangrupakeun amanah Allah nu wajib dijaga sapuratina bari prak dipigawéna tegesna dicumponan. Mun seug dua konci éta kacumponan ku urang, dijamin bakal ngawujudna katingtriman bathin, bari jeung kahontalna kabagjaan dunya rawuh aaa…”
“khéraaat” ceuk santri saur manuk ngalanjutkeun cariosan Mama Ajengan.
“Sabalikna” Saur Mama Ajengan neraskeun deui cariosanana: “Mun seug dua konci éta teu dilaksanakeun, maka bakal ngadatangkeun mamala, ngabijilkein balahi, jeung kaancuran, tegesna moal nyangking nu aranna katingtriman bathin téh, malah nu parahna mah bakal cilaka di dunya ogé cilaka di akhérat. Na’udzu billaahi mindzaalik. ”. Jep sakedapan Mama Ajengan liren dina nyariosna, diselang ku ngaleueut heula. Teras ka kuping deui anjeunna nyarios neraskeun bahasanana:
“ Tah kitu…! Dua konci dina raraga urang Miluruh Jalan geusan ngudag Katingtriman bathin téh. Jadi, ulah nepi ka keuna ku dawuhan Allah”. Teras Anjeunna ngaoskeun potongan ayat Al-Qur’an Surat Ali Imran ayat 112, kalayan murottal, soantenna ampir mirip sareng soanten Imam Masjidil Haroom, teras dipungkas ku aosan “Shodaqollohul-‘Adziim”. Kakuping deui anjeunna neraskeun hanca bahasanana kalayan narjamahkeun per kecap tina maksud éta ayat:
“Wallohu A’lam Bimurodih…. ضُرِبَتْ bakal ngeunaan, bakal ngalimpudan, bakal katibanaan, عَلَيْهِمُ …ka maranéhna, عَلَيْهِمُ didieu maksudna nyaéta ka ahli-ahli kitab nu teu ariman, nyaéta nu nukang nonggong kana risalah Allah nu dicandak ku Rosulullah S.A.W. nepi ka maranéhna téh dicap fasék ku Allah, tapi bisa ogé ngeuna ka urang, mun seug urang sarua kalakuanana siga ahli-ahli kitab nu fasék éta.” Saur Mama Ajengan ngajelaskeun kecap ‘Alaihim nu aya dina ayat éta, kakuping deui anjeunna neraskeun bahasanana éta ayat:
“Naon nu bakal tumiba ka maranéhna téh ?…. أَلذِّلَّةُ …kahinaan…. أَيْنَ مَا ثُقِفُواْ …di mana baé maranéhna ayana… إِلاَّ ..kajaba, mun seug maranéhna téh,… بِحَبْلٍ مِّنْ اللّهِ …nyekel pageuh kana tatali Allah atawa Agama Allah tegesna, hadé dina hubungan sareng Allah kalayan ngalaksanakeun sagala paréntah-paréntah-Na ogé nebihan sagala nu dilarang ku Manten-Na…. وَحَبْلٍ مِّنَ النَّاسِ …jeung nyekel pageuh kana tatali manusa tegesna hadé dina hubungan jeung papada manusa aspék mu’amalahna hadé, campur gaul jeung papada manusana alus, hirup rukun sauyunan, jauh tina pacengkadan.”
“Tapi mun seug maranehna tetep dina kahinaanana, tegesna henteu nyekel pageuh kana tatali Allah atawa Agama Allah oge tatali manusa, maka.. وَبَآؤُوا ….jeung maranéhna bakal mulang, bakal balik atawa maranéhna pantes meunang بِغَضَبٍ …. Keuna ku bebendon, مِّنَ اللّهِ ..ti Allah Ta’ala, وَضُرِبَتْ …. Jeung bakal ngeunaan, bakal ngalimpudan, bakal katibanaan, عَلَيْهِمُ … ka maranéhna, naon ? الْمَسْكَنَةُ … kamasakatan, kamalaratan, kawaluratan kasusah jeung kapayahan. ..na’dzu billaahi mindzaalik…”
“Panjang ieu ayat téh, ngan ayeuna mah cukup sakitu baé heula… jadi, hablun-minallooh jeung hablun-minannaas téh, kacida perlu jeung wajibna, sabab éta mangrupakeun amanah Allah dina raraga urang miluruh jalan geusan nyangking katenangan reujeung katingtriman bathin dina kahirupan, boh kahirupan ayeuna di dunya ogé jaga kahirupan di akhérat”.
“Mémang dina émprona urang ngajalankeun kahirupan di ieu alam dunya téh bakal tepungna reujeung dua kaayan nu salilana bakal papasangan, saperti hadé jeung goréng, senang jeung susah, kaya jeung miskin, bagja jeung sangsara, jeung sajabana, nu dua kaayaan éta téh urang tinggal milih, dék milih nu mana, naha rék milih hadé atawa goréng ?, naha rék milih halal atawa haram ?, naha rék milih ridho Allah atawa rék milih bebendon Manten-Na..?..tinggal mulang ka diri urang masing-masing, dina netepkeun éta pilihan. tah sakitu heula pangajian ayeuna mah..ke urang sambung deui … wallohu A’lam bish-showaab” Saur Mama Ajengan mungkas bahasan dina pangaosan ba'da isya dina wengi eta.
Caaag.
Subang, 30052010

Tidak ada komentar:
Posting Komentar