Senin, 14 Maret 2011

Sok Tah Letakan

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

"Sok siah ..ku dewek dibere bakakak hayam ....." Ceuk pamingpin Gorombolan ka Mang Juha nu harita jadi sakitan, teuing kumaha mimitina Mang Juha jadi sakitan, pokona mah Mang Juha kacaritakeun jadi sakitan weh.

"Duh ...haturnuhun pisan atuh kabeneran yeuh... kuring keur lapar ...jeung ti saprak kuring jadi sakitan anjeun  teu kungsi manggih kadaharan nu ngeunah.. ..nya sok kadieukeun atuh mana bakakak hayam teh !" Jawab Mang Juha.

"Tah ieu bakakakna..!" Ceuk pamingpin Gorombolanbari ngasongkeun eta bakakak hayam. "Ngan samemeh ieu bakakak didahar ku andika.. aya sababaraha hal nu kudu ku andika dikanyahokeun..." Ceuk Pamingpin gorombolan deui.

"Enya sok atuh geura bejakeun ka kuring.... " Tembal Mang Juha bari katingal kumetap ningal eta bakakak hayam nu geus nembrak hareupeunana.

"Heueuh.. kieu... seug tah eta bakakak hayam teh di dahar ku andika kabeh... ngan dimana anjeun ngadahar ceker eta hayam.. maka ..suku anjeun bakal diteukteuk....kitu keneh dimana anjeun ngahanca pingping eta bakakak hayam ...maka pingping anjeun oge bakal diteukteuk.... nya kitu deui mun seug anjeun ngahanca hulu eta bakakak hayam ..maka hulu anjeun bakal diteukteuk .....intina saban-saban anjeun ngahanca bagian tina eta bakakak hayam ...resikona anggota badan anjeun bakal aya nu diteukteuk.... sok tah pilih nu mana nu bakal mimiti dihanca ku andika eta bakakak hayam ...nu henteu bakal mawa mamala ka anjeun...tapi mun seug andika teu ngadahar ieu bakakak  ..andika tetep bakal dipateni ku kami......kumaha ....?". Ceuk eta pamingpin Gorombolan ngajelaskeun tawaranana.

Sajongjonan Mang Juha ngahuleng, mikiran kumaha pipetaeun....euweuh piliheun pisan didahar eta bakakak ..anggota badan bakal hiji-hiji diteukteuk... teu didahar eta bakakak tetep bakal dipateni...tungtungna ngahuleng ngaragemeneng. Geus rada lila ngahuleng Mang Juha tuluy nyeh seri bari pok nyarita:

"Sok lah ..kadieukeun eta bakak ku kami bakal dihanca...ngan kami aya pamenta  mun seug kami manggihan cara ...nu bakal mawa aman ka kami dimana kami geus ngahanca eta bakakak ..."

"Naon pamenta andika..?" Ceuk Pamingpin Gorombolan malik nanya

"Enya dimana kuring manggihan cara ..nu bakal mawa aman ka kuring dina geus ngahanca eta bakakak ...tegesna kuring teu kudu diteukteuk anggota badan ...pamenta kuring nyaeta ..anjeun kudu ngaleupaskeun kuring... jeung eta bakakak kudu jadi milik kuring....."Jawab Mang Juha ..bari ngajentrekeun pamentana

Ngadenge pamenta Mang Juha samodel kitu Pamingpin Gorombolan ngahuleng sakeudeung, tuluy nyarita:

"Heueuh sok....kami bakal nedunan eta pamenta andika !"

Geus aya kasapukan kitu mah terus Mang Juha ngarongkong eta bakakak Hayam bari diilikan sakeudeung, teu mikir deui ngan ledak-ledak teh ... bakakak hayam teh diletakan  lebah bujurna... bangun nu nikmat..da katingali peureum beunta...rada lila Mang Juha ngaletakan bujur bakakak hayam teh... geus beres ngaletakan..tuluy diecagkeun eta bakakak hayam teh, bari nyarita:

"Tah ...kuring geus ngahanca ieu bakakak hayam ..... tah ayeuna giliran anjeun.. nedunan pamenta kuring !"

"Ke..ke... naha kami kudu nedunan pamenta anjeun... kapan bakakak hayamna oge masih weuteuh siah..!" Ceuk Pamingpin Gorombolan.

"Enya memang weuteuh....da ngahaja... tapi kuring geus ngahanca eta bakakak ...ku ngaletakan bujur bakakak hayam eta...sabab ngaletakan bujur bakaka hayam teu aya dina syarat nu ku anjeun diajukeun...jadi kuring aman moal diteukteuk anggota badan ..oge moal dipateni ku anjeun sabab tetep kuring geus kaasup ngahanca eta bakakak... tah ayeuna...pilih ...mending ...sok tah letakan ...bujur kuring .!..da kuring geus ngaletakan bujur eta bakakak... atawa mending nedunan pamenta kuring ...ngaleupaskeun bari ieu bakakak ...jadi milik kuring ?..." Tembal Mang Juha

"Teu sudi ...siah..... dewek kudu ngaletakan bujur andika ..mah.... jung kaditu ...siah indit ...kami nedunan pamenta...andika..." Ceuk Pamingpin gorombolan.....

Caaag
Subang, 13032011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar