Senin, 14 Maret 2011

Tong Bohong Siah !

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kocapkeun wayah lohor Mang Juha keur ngareureuhkeun kacape disaung sarengsena ngored jukut dikebonna nu lumayan legana. keur anteng reureuh kitu, torojol aya jalma nu mamawa karung ngadeukeutan bari tatanggahan siga aya nu diilikan. Sihoreng si kemed bandar kalapa nu geus biasa datang dimana geus wayahna panen kalapa. barang geus deukeut ka lebah Mang Juha nu keur reureuh, tuluy pok nyarita bari tetep sirahna mah tatanggahan alak-ilik kana tangkal kalapa nu aya disabudeureun kebonna Mang Juha:

"Geus wayahna di ala..geuningan kalapa teh Mang !"

"Ah duka atuh ...sok bae ilikan...mun aya mah sok bae ala.." Tembal Mang Juha

"Nya atuh.. ah ! urang alaan... " Ceuk Si Kemed bari ngoloyong ngadeukeutan tangkal kalapa nu aya deukeuteun saung.

"Nya sok sing jongjon...kami mah rek sholat lohor heula..ke ngitungna mah rengse kami sholat lohor" Jawab Mang Juha bari ngoloyong ka pancuran nu kabeneran teu jauh ti saung.

Teu loba carita deui Si Kemed teh langsung bae nerekel naek ka tangkal kalapa, meni tapis pisan bubuhan tukangna sajorelat Si Kemed geus nepi ka luhur tangkal kalapa, tuluy diuk dina barangbang kalapa bari katempo elekesekeng nyauy-nyuaykeun barangbang kalapa nu patumpang-tindih, geus karasa merenah mah tuluy manehna milihan manggaran kalapa nu geus kolot, mun geus ka irong kolot tuluy dipuntirkeun hiji-hiji nepi ka leupas tina manggaranana, mun geus leupas langsung dipuragkeun, 'blug' ...kadenge sora kalapa teh murag. Nya kacacaritakeun Mang Juha geus rengse sholat lohorna. nya kitu keneh Si Kemed geus rengse ngala kalapa, da katingali keur ngumpulkeun kalapa meunangna ngala, gerentes hatena Si Kemed:

"Ah siah ku aing dibohongan dina itungan, kabeneran tadi aing keur ngala kalapa Mang Juha keur sholat, piraku keur sholat make ngitungan kalapa.." Ceuk Si kemed dina hatena.

"Sabaraha kabehna euy...kalapa teh nu kaala..?" Ceuk Mang Juha nyarita nu harita geus aya disatukangeun  Si Kemed nu keur anteng ngitungan kalapa.

"Aya Lima likur ..mang ! da nu ka alana oge ukur lima tangkal kalapa teh " Jawab Si Kemed bari terus ngasup-ngasupkeun kalapa kana jero karung.

"Naon....dedengean teh aya lima likur.... piraku... tong bohong siah...! "  Ceuk Mang Juha semu nu ambek

"Ih ..bener mang ! ukur lima likur..diitung teh " Ceuk Si Kemed bari tonggoy weh ngasupkeun kalapa kana jero karung

"Alah siah ...ngabohong teh kabiasaan maneh mah... sidik aing ngitung oge ..kabehna teh aya tilu puluh hiji kalina maneh  muragkeun kalapa..."Jawab Mang Juha

"Na..iraha Amang ngitungna..? " Jawab Si Kemed bari malik nanya

"Nya titatadi oge kami ngitungan siah..."  Tembal  Mang Juha

" Nya ti iraha ?..kapan ..amang teh tadi indit ka pancuran ..tuluy abdas meureun nya ?..rengse eta ..tuluy.. sholat lohor..." Ceuk Si Kemed.

"Heueuh ti harita siah... kami tuluy ngitungan..muragna kalapa nu di ala ku maneh." Walon Mang Juha

"Jadi ..ti mimiti abdas nepi ka ...prung sholat teh ..amang ngitungan muragna kalapa...nya ?.." Ceuk Si Kemed bari molohok

"Heueuh siah... nu matak tong bohong siah. kabehna teh tilu puluh hiji...." Tembal  Mang Juha

"Nya hampura atuh mang !... nu benerna mah  kalapa teh tilu puluh..lain tilupuluh hiji..." Ceuk Si Kemed bari menta hampura da rumasa kanyahoan bohongna.

"Alah ..tilu puluh hiji ..siah da kadengena ku kami mah nu murag teh aya tilu puluh hiji kali" Walon Mang Juha keukeuh.

"Yeeh....nu panungtungna mah ...sora muragna awak kami ..da kami teh labuh..."Jawab Si Kemed

"Heueuh ..kawalat ti kami eta teh.. bongan manehn boga niat jahat...siah " Ceuk Mang Juha


Caaag
Subang, 14032011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar