Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Kacaritakeun aya tilu dulur adi lanceuk nu ditinggal maot ku bapana. memeh maot bapana geus ngabagi-bagi harta banda ka eta tilu anakna. Demi anakna nu kahiji dipaparinan imah nu agreng, anakna nu kadua dipaparinan ingon-ingon sapi. Anapon anak nu bungsu nyatana nu katilu dipaparinan lahan garapan kebon nu heureut jeung sababarah karung gabah.
Teu lila ti harita, ti saprak bapana maot tilu dulur nu geus dipaparinan warisan teh masing-masing ngagunakeun eta harta warisan kalayan beda-beda dina ngamanfa'atkeunana, demi anakna nu kahiji dibere imah gedong sigrong teh kalah ka dijual, duitna dibalanjakeun kana sagala rupa karesepna, nepika duit hasil ngajual imah warisan teh beak teu nyesa, antukna manehna hirup sangsara kadungsang-dungsang malah ceuk sakaul mah manehna jadi baramaen.
Kitu keneh anakna nu kadua nu dibere igon-ingin sapi teu beda jeung lanceukna, nyaeta manehna ge sarua eta ingon-ingon sapi minangka harta warisan pamaparin bapana teh dijual, tuluy duitna dibalanjakeun kana sagala rupa karesepna nepi ka duit hasil ngajual eta ingon-ingin teh ledis teu nyesa. antukna kahirupanana teu jauh beda jeung lanceukna sangsara.
Anapon anakna nu bungsu nu dipaparinan harta warisan lahan garapan kebon nu heureut jeung sababaraha karung gabah tea, manehna kalayan pinuh ku kaleukeunan jeung kasabaran, eta lahan garapan kebon teh di mumule diolah nepi ka petik hasil ka ala buahna, tur kahirupanana beda jauh jeung lanceuk-lanceukna, nu bungsu kahirupanana pinanggih jeung kabagjaan.
Caag
Subang, 14012010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar