Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Dawuhan Rosulululloh S.A.W. :
عَنِ ابْنِ عُمَرَ رَضِيَ الله ُعَنْهُمَا قَالَ أَخَذَ رَسُوْلَ اللهِ صَلىَّ الله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ بِمَنْكِبَيْ فَقَالَ - كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ - وَكَانَ ابْنُ عُمَرَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ يَقُوْلُ " إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْ تِكَ " رواه البخاري
Ti Ibnu Umar mugia Alloh maparin ridho ka anjeunna, anjeunna nyarios: ‘Rasululloh shollalloohu ‘alaihi wa sallam nyepeng punduk kami, lajeng anjeunna ngadawuh:” Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing atawa nu ngumbara”.’ Tuluy Ibnu Umar rodhiyallahu anhuma nyarios deui: “Mun seug (kaayan) anjeun aya di waktu sore, maka tong nungguan waktu isuk, kitu keneh mun seug (kaayaan) anjeun aya dina waktu isuk, maka ulah nungguan waktu sore. Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot”. (H.R. Al-Bukhari).
Imam An-Nawawy rohimahullohu Ta’ala, ngajelaskeun, yen maksud kalimah hadits كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ (Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing atawa nu ngumbara”) maksudna nyaeta, ulah sakali-kali anjeun boga pamadegan yen dunya teh tempat panganjrekan nu lana salilana, atawa ulah boga pamadegan yen anjeun bakal hirup langgeng di ieu alam dunya. Oge ulah nepi ka katalikung ku kaayaan ieu alam dunya, nu antukna anjeun ngagantungkeun sapinuhna kahirupan di ieu alam dunya. Jadi, hirup di alam dunya teh kudu nerapkeun pamadegan yen anjeun teh jalma asing nu anyar dating keur aya dipangumbaraan nu hiji waktu kudu balik ka asal, ka tempat bali geusan ngajadi. Kadituna, anjeun kudu nyiapkeun sapuratina bebekelan pikeun bawaeun balik ka tempat asal tea. Hal ieu luyu reujeung cariosan Shohabat Salman Al-Farisy rodhiyallahu anhu:
“Panutan kami (Rosulullah s.a.w.) pernah marentahkeun ka kami pikeun henteu nyokot bagean ti ieu alam dunya, tapi kami diparentahkeun nyokot bagean (bebekelan) ti ieu alam dunya saukuran jalma nu ker ngayakeun nyanyabaan”
Salajengna Imam Nawawy rohimahullohu ta’ala ngajelaskeun deui, yen hadits ieu teh ngandung dalil ngeunaan tong ngalobakeun teuing kahayang nu pamustunganana bakal nyilakeukeun oge tong talangke kana taubat, tur dalil sangkan tatan-tatan nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan maot. Mun seug boga rencana jeung harepan sawadina kudu ngucapkeun “Insyaalloh” (Mun dikersekun ku Alloh).
Sakumaha Dawuhan Alloh s.w.t. din surat Al-Kahfi ayat 23-24:
وَلَا تَقُولَنَّ لِشَيْءٍ إِنِّي فَاعِلٌ ذَلِكَ غَداًإِلَّا أَن يَشَاءَ اللَّهُ وَاذْكُر رَّبَّكَ إِذَا نَسِيتَ وَقُلْ عَسَى أَن يَهْدِيَنِ رَبِّي لِأَقْرَبَ مِنْ هَذَا رَشَداً
“Jeung poma maneh ulah nyarita ngeunaan hiji perkara: “ keun ku kaula dipgawe isukan”. Anging upama dikersakeun ku Alloh (ku nyebut "Insya Allah"). Sarta maraneh kudu inget ka Pangeran maneh, mun seug maneh poho, pok ucapkeun: "Mugia Gusti Pangeran abdi, maparin pituduh ka abdi kana jalan anu langkung caket kana leresna, tibatan jalan ieu”.
Salajengna ngeunaan cariosan ibnu Umar " إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْ تِكَ " (“Mun seug (kaayan) anjeun aya di waktu sore, maka tong nungguan waktu isuk, kitu keneh mun seug (kaayaan) anjeun aya dina waktu isuk, maka ulah nungguan waktu sore. Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot”)
Ieu redaksi Hadits teh minangka anjuran sangkan saban jalma nu ngaku iman, sawadina kudu siap nyanghareupan maot, tur dina nyanghareupan eta maot teh kalayan geus nyiapkeun bekel amal sholeh nu bakal nganteur kana kasalametan di dunya oge diakherat jaga. Tegesna, ulah talangke dina milampah amal sholeh, mun seug aya dina waktu isuk geura prak pilamapah amal sholeh harita, ulah nungguan datangna sore, kitu keneh sabalikna.
Anapon redaksi kalimat “Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot” ieu hal teh minangka pangwawadi ka urang, yen urang kudu bener-bener ngamanfaatkeun kaayaan sehat jeung hirup pikeun ngalakonan ibadah ka Alloh, ulah dipake kana hal-hal nu teu munasabah nu matak nyilakakeun diri jeung sasama.
Wallohu A’lam
Subang, 28012011

Tidak ada komentar:
Posting Komentar