Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Taubat teh hartina balik deui, kitu miturut harti basa. Sedengkeun Taubat miturut istilah nyaeta tumuwuhna rasa kaduhung diri kana sagala hal laku lampah jahat nu geus dilakukeun, atawa mulang tina hiji perkara nu dianggap goreng ku syare’at agama nuju ka hiji perkara nu dianggap hade ku syare’at agama.
Imam Ibnul Qayyim Al-Jauziyah ngajelaskeun yen taubat teh nyaeta mulangna salah saurang hamba ka Alloh, ngajauhkeun diri tina jalan nu sasar oge nu dipikabendu ku Alloh s.w.t. tur hal ieu teh moal bisa dihontal kajaba kalayan hidayah Alloh pikeun nuju ka jalan nu dipikaridho ku Manten-Na.
Imam Al-Kalabadzy ngajelaskeun yen taubat teh mibanda tilu wanda dina ngahontalna, kahiji nyaeta ninggalkeun sagala kamaksiyatan jeung teu pegat dina migawe lampah kahadean. Kadua, nyaeta kaluar tina kajahatan tuluy diganti migawe kahadean ku sabab sieun ku bebendon Alloh, jeung nu katilu nyaeta terus-terusan taubat sanajan teu migawe dosa.
Kaduhung (nadam) mangrupakeun rasa nu tumuwuh tina rasa kasedih, rasa nyeri hate, guligah rasa, jeung sajabana. Hal ieu tumuwuh nalika kaayaan hiji jalma mulangkeun ingetanana nyoreang ka mangsa-mangsa katukang nu kungsi kasorang. Anapon tanda-tandana jalma nu kaduhung nyaeta resep nyorangan, resep mikiran naon nu geus dipilampah ku diri nu akhirna tumuwuhna rasa hanjakal, kaduhung, jeung sedih nepi ka nyurucudna cipanon.
Mun seug diibaratkeun dosa teh lir ibarat racun nu aya dijero madu, pikeun sing saha bae jalmana nu teu apal kana jerona madu nu aya racun eta, tinangtu manehna bakal kabita pikeun nginumna. Nalika manehna geus nginum, tanwande manehna bakal ngarasakeun kanikmatan, tapi kanikmatan eta hamo lumansung lila, sabab beuki lila bakal karasa nyeri saawak-awak, nu pamustunganana bakal lumpuh total anggauta bandanna.
Kitu keneh lampah dosa, nu sifatna sok katembong siga pikangeunaheun, pikaresepeun, jeung pikabitaeun. Estu siga pinuh ku kanikmatan, sok padahal eta kabeh teh moal lila lumangsung, sabab nu nyesa tina lampah dosa bakal jauhna rasa katingtriman bathin, katenangan jiwa, salamina bakal diganggayong ku rasa nu guligah gulinggasahan, nu dirobeda ku rasa sieun ku bebendon boh ku sasama oge ku Nu Maha Kawasa. Tah panyakit jiwa ieu teh ubarna ukur ku taubatan-nashuha (taubat nu saenyana).
Saban kamaksiyatan eta bakal mawa kana poekna lampah, nu hal eta teh bakal nutupan hate tina nampa cahaya bebeneran. Tur poekna hate eta teu bisa dilawan anging ku jalan dilawan ku cahaya bebeneran atawa cahaya kaimanan nu tumuwuh tina rasa migusti nu saestu ka Alloh Robbul ‘Izzaty. Tegesna, kamaksiyatan kudu dilawan ku kata’atan. Ku sabab kitu, mun seug hiji jalma tumuwuh rasa kaduhung sarengsena migawe dosa, maka kudu nancebkeun lampah taubat minangka ubar tina rasa kaduhung eta.
Anapon lampah jahat nu aya patula-patalina jeung sasama, maka rasa kaduhung tea kudu dituturkeun ku menta dihampura bari ngaku kana sagala lampah nu geus dilakukeunana. Misalna laku kaniaya, nganyerikeun hate sasama, ngarusak kahurmatanana, jeung sajabana. Hal ieu teh dimana taubat kudu menta kaihklasan heula ka jalma nu geus dinyenyeri atawa dianiaya, sabab Alloh hamo narima kana taubat hiji jalma nu aya patula-patalina jeung hak sasama, mun seug henteu menta hampura heula ka jalma nu geus dikaniaya eta.
Imam Al-Ghozaly maparin syarat kaduhung atawa taubat nu kaasup sampurna, nyaeta kudu mulangkeun pikiran kana sagala lampah nu geus dilakukeun ti kawit manehna ‘akil baligh (sawawa dewasa) boh kalayan ku umur atawa ku alatan ngimpi. Tuluy manehna naliti diri kana naon nu geus dipilampahna tikawit harita ti taun ka taun, ti bulan ka bulan, ti poe ka poe, oge pariksa tina saban kaluar kajerona nafas, tuluy lieuk ka tukang nyoreang mangsa katukang nu geus kasorang. Naha lalampahan teh salila eta dieusian salawasna ku lampah ibadah naha sabalikna ku lampah salah, sabaraha waktu ninggalkeun kawajiban, sabaraha loba lampah jahat nu geus dilakukeun. Jalma nu maksiyat wajib mariksa atawa naliti diri ti kawit manehna akil baligh (sawawa dewasa) ti mimiti pangedengena, panenjona, lisanna, beuteung, leungeun, suku, jeung anggauta badan sejenna. Mun geus kitu, geuwat lieuk katukang ka mangsa nu geus ka sorang itung poe-poena, itung jam-jamna, tuluy wincik hiji-hiji masing parele tina kajahatan-kajahatan nu geus dilakukeun ti mimiti dosa leutik nepi ka dosa nu pangbadagna nu geus dipilampah. Mun seug geus ngumpul dina ingetan kabehanana, prak tancebkeun rasa kaduhung nu saestu. Tah mun seug geus kitu maka bakal tumuwuh rasa taubat, bari satuluyna manehna ngaganti satiap laku jahatna ku lampah hade.
Ieu hal teh luyu sareng Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surah Hud ayat 114: “Saestuna laku lampah hade bakal ngagugurkeun laku lampah goreng (dosa)”
Oge luyu sareng Dawuhan Kanjeng Nabi s.a.w.: “Masing taqwa anjeun ka Alloh dimana bae anjeun ayana, prak tuturkeun laku lampah goreng ku laku lampah hade, maka hal eta teh bakal ngagugurkeun kana laku lampah goreng eta”.
Subang, 1422011

Tidak ada komentar:
Posting Komentar