Sabtu, 18 Desember 2010

Hikayat Kautamaan Maos Sholawat

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.
Kacutat aya hiji hikayat dina Kitab Fathul Malikil-Majid anu dianggit ku Syaikh Ad-Dayroby Rohimahulloohi Ta'ala, dicarioskeun, yen aya dua jalma bapa jeung anak. keur nyaba ngalalana ka nagara-nagara sakasampeurna.

Kacaritakeun pas duanana anjog ka hiji nagara, bapana eta budak teh katarajang gering parna nepi ka teu katulungan, nya gancang ning carita bapana eta budak teh maot. Nya satuluyna eta layon bapana teh ku anakna dipulasara. ngan teu kebat mulasarana, sabab eta budak teh katingalina siga nu sedih campur heran, sabab eta layon nu jadi bapana teh, kacida pikawatireunana, beungeutna geuneuk, kitu keneh awakna oge sarua geuneuk hideung, beuteungna kembung. bakating ku baluweng eta budak teh nepi ka kasarean di sagedengeun layon bapana.

Dina sajeroning sare teh manehna kacaritakeun ngimpi tepung jeung hiji jalma anyar pinanggih, nu kaayaan eta jalma teh hiji tangtungan lalaki nu kacida kasepna, bajuna pulas bodas, make wangen-wangen nu kacida seungitna, terus eta tangtungan lalaki teh ngadeukeutan layon bapana, tuluy diusap beungeutna jeung awakna, dadak sakala layon bapana eta budak nu satadina geuneuk hideung saawak-awak teh jadi umyang beresih malah robah jadi cahayaan.

Rengse ngusap beungeut layon bapana eta budak, tuluy eta lalaki teh ngadeukeutan, bari tuluy nyarita:

"Prak geura pulasara ieu layon bapa anjeun teh ..!"

"Duh haturnuhun pisan ..nun ! ...gamparan parantos ngajiyad layon pun bapa... nepi ka janten robih sabahara-sabihari deui.. malih ayeuna mah janten cahayaan... ke ke.. pami teu kaabotan.. bade unjuk tumaros.. dupi gamparan teh saha...?" Ceuk eta budak nganuhunkeun bari ditungtungan ku nanya.

"Kami teh Muhammad ! Rosul Alloh..Nabi anjeun jeung bapa anjeun, bapa anjeun teh kaasup jalma nu ngaliwat sapakan tara ngukur kana kujur, tara ngijir kana diri, ngan hadena bapa anjeun teh sok getol maca sholawat ka kami. nya kabuktian dina maotna bapa anjeun teh siga kitu, eta teh akibat ku laku lampah goreng patutna, nepi ka beungeut layon bapa anjeun teh geuneunk hideung ditambah awakna oge sarua deuih, ....tah kami ngahaja datang kadieu teh pikeun ngaleungitkeun eta sifat nu eunteup dina layon bapa anjeun" Jawab eta lalaki anu taya kajaba anjeunna teh Rosulullah s.a.w.

Rengse dadawuh kitu lajeng Rosululloh s.a.w. pamitan, nya eta budak tuluy sadar tina sarena, bari gigisik tuluy nguniang, ret ka layon bapana. gebeg ..manehna teh semu ngarenjag..sabab layon bapana teh katingali geus robah, persis dina impian, nyatana robah beungeutna nu tadina geuneuk hideung teh jadi cahayaan kitu keneh awakna. nya geus kitu mah deger bae ..layon bapana teh dipulasara nepi ka beresna.

Alloohumma Sholli 'Alaa Sayyidina Muhammadin Wa 'Alaa Aalihii Wa Shohbihi Wa sallim Ajma'iin ..Amiin

Caag ...!
Subang, 27102010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar