Sabtu, 18 Desember 2010

Hikayat Jalma Nu Tobat (Kautamaan Taubatan-Nashuha)

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Dina hiji hikayat dicaritakeun aya hiji pamuda nu katelah Ibnu Hajar, dedeg sampe rupa hade, ngan hanjakal laku lampahna teu hade, gawena ukur ngieun kaonaran, ngaranjah oge ngarampas hak batur, nganiaya oge ngagunasika ka sasama geus biasa, ngagarong oge ngarampog jeung kajahatan sejenna. Tegesna, manehna teh garong gerot, rampog kahot, tukang bobok tukang tarok. Tah ku sabab laku lampah jahatna, antukna manehna teh pada mikasieun bari dibalik sieun eta lain sieun hormat tapi sieun ngewa jeung ijid. Taya jalma nu wani adu hareupan, mun seug aranna disebut, kabeh oge gimir, sieun.

Dina hiji mangsa turun hidayah Alloh, manehna ngarasa bosen ku laku lampahna nu jahat tea, manhena sadar yen kasiksa hirup pada mikangewa. Sepi diri loba nu mikaijid. Nya ku sabab eta pisan jorojoy dina hatena aya niat pikeun babalik pikir, pikeun tobat tina sagala kajahatan nu geus dilakukeunana salila ieu. Manehna ngamimitian ninggakeun kabiasaan jahatna. Sagala hal nu matak mawa mafsadat kabeh ditinggalkeun lumpat, sagala laku lampah salah diganti ku laku ibadah. Tegesna, manehna taubat kalayan saenyana.

Kacatur sanggeus manehna tobat, salila manehna babalik pikir teu aya batur pakukumaha, estu hirup sosorangan teh jeung dienyana. Nya pamustunganana manehna teh neangan pipamajikaneun pikeun jadi batur hirup ngawangun kulawarga. Tuluy manehna teh nyobaan ngalamar awewe kaditu-kadieu, ngan hanjakal hiji oge lamaranana teu aya nu narima, alesanana kusabab kasangtukang kahirupanana baheula manehna teh jalma jahat. Kabeh kolot nu boga anak awewe nolak kana lamaranana, malahan kungsi manehna nyoba ngalamar awewe bangor, pamikirna neangan awewe bageur kacida hesena sugan awewe bangor mah daekeun, tetep awewe bangor oge narolak. Tungtungna manehna jadi baluweng, peunggas harepan, gawena ukur huleng jentul bingung nu teu manggih tungtung susah nu taya sudana.

****

Dina kaayaan peunggas harepan kitu, tuluy manehna mutuskeun pikeun ngalalana, indit lunta teu puguh nu dijugjug, bari miharep sugan jeung boa aya wanoja nu daek jadi pamajikanana, nya manehna nutur-nutur indung suku, mapay-mapay bapana lengkah, tug nepi ka anjog ka hiji lembur nu singkur, kabeneran ditungtung lembur teh aya hiji warung nu nenggang ti lembur eta. Sup bae manehna teh ka eta warung, gek diuk dina bangku panjang dipojok eta warung, bari tuluy pesen inumeun jeung dahareun, bari tetep beungeutna mah nembongkeun paroman nu alum. Song tukang warung ngasongkeun pesenan. Teu loba carita, dahareun jeung inumeun teh meh sakoteap langsung beak, da puguh lapar meureun. Geus beres kitu manehna ngadon ngaso bari ngareureuhkeun ka lungse, nepi ka teu karasa reup bae sare dina kaayaan nyarande kana tihang saung eta warung. Ningal kaayaan kitu, tukang warung ngantep teu wani ngaganggu.

Kocapkeun rada lila Ibnu Hajar ngadon sare teh, tuluy Ibnu Hajar ngorejat hudang, bari luak-lieuk, kaayaan ampir geus reup-reupan manjing ka peuting, dina kaayaan kitu, pok teh tukang warung nanya ka Ibnu Hajar nu masih keneh lulungu:

“Punten Encep sateuacanna !..mamang teh wawantunan naros.. eta katingalina encep teh sapertos nuju ngayakeun lalampahan tebih, sareng sapertos aya dipiluruh, wireh katingali ku mamang ti mimiti encep datang, paroman encep teh bangun nu ngemu kabingung… leres kitu ?” Ceuk tukang warung,.

“Bener mang !” Jawab Ibnu Hajar pondok.

“Ke.. ke.. manawi teu kaabotan,, sareng manawi mamang tiasa masihan bongbolongan.. bade Kaman tujuan encep teh, sareng naon atuh kabingung nu dikemu ku encep teh… tapi hapunten sateuacanna.. amang wawantunan naros kieu..” Ceuk tukang warung nanya deui.

Ditanya kitu Ibnu Hajar teu buru-buru ngajawab, manehna kalah leguk teh nginum cai dina gelas ampir beak sesa tadi. Geus beres nginum, ngajawab patakonan tukang warung tadi:

“Kieu ..ieu teh ..mang !..kuring teh keur bingung teu puguh nu dijugjug, bari keur bingung neangan pipamajikaneun, kuring geus beak kaler, beak kidul, beak kulon beak wetan, kabeh oge taya kolot nu ngizinan anak awewena dikawin ku kuring, nya kitu keneh budak awewena, pada embung deuih jadi pamajikan kuring teh… tah ayeuna lalampahan kuring teh nepi ka ieu tempat oge sarua tujuanana mah susuganan aya kolot nu boga anak awewe lengoh nu ridho dijadikeun pipamajikaneun kuring.. tah kitu mang ..kabingung kuring teh..” Ceuk Ibnu Hajar ngajentrekeun panjang lebar bari kasar nyaritana, nya wajar da puguh ruruntuk jelema jahat.

“Duh karunya teuing..!.. atuh kaleresan pami percanten mah ..mamang gaduh putra istri .nya pun anak hiji-hijina.. ngan tos lami teu aya bae pameget nu ngalamar, tah ieu mah saupamina encep kersa..mangga sok tikah ku encep..mamang Ikhlas..mamang ridho…” Ceuk eta tukang warung bari nawarkeun anakna nu awewe ka Ibnu Hajar.

“Bener ieu teh mang ?..” Tanya Ibnu Hajar semu teu percaya.

“Yeehh..leres ieu mah !..mamang sanes bohong..mangga bilih bade ayeuna nikah..oge..mangga !” Jawab Tukang warung ngayakinkeun

Ngadenge tawaran eta tukang warung kitu, atuh Ibnu Hajar teh kacida bungahna, nya sasatna eta nu keur dipikahayang teh. Akhirna teu nungguan waktu isuk, peuting eta keneh menta dirapalan ka anak eta tukang warung. Ngan samemeh dirapalan Ibnu Hajar ngajukeun pamenta sangkan bisa nepungan anak eta tukang warung najan sajorelat. Nya tukang warung teu talangke hararese, tuluy ngageroan anakna nu aya di jero imah nu ngahiji jeung eta warung. Teu lila torojol teh datang tangtungan wanoja, kulitna hideung lestreng, irungna pesek, pangawakanana pendek busekel. Ningal kaayaan tangtungan wanoja kitu Ibnu Hajar ngarenjag reuwas, karepna mah rada nolak, ngan mikir dua kali, batan kudu neangan deui pipamajikaneun nu hararese, mendingan nu ieu nu geus dumuk daek jeung kolotna ridoeun.Nya geus sapuk duanana mah prung bae Ibnu Hajar teh dirapalan ka eta wanoja anak tukang warung tea.

Kocapkeun geus aya kana sataunna Ibnu Hajar hirup ngawangun rumah tangga jeung eta wanoja. Kaayaanana estu runtut raut sauyunan sabobot sapihanean, tegesna aya dina kabagjaan taya pacogregan. Nepi ka hiji mangsa pamajikanana Ibnu Hajar teh ngandung anak nu kahiji. Nya mingkin bae bungahna kaayaan Ibnu Hajar teh. Ngan meureun Pangeran masih keneh nguji kana Tobatna Ibnu Hajar, pamajikanana teh maot nalika ngalahirkeun anakna nu munggaran, nya kitu keneh anakna oge sarua milu maot saba’dana dilahirkeun. Ngarandapan kaayaan samodel kitu Ibnu Hajar kacida sedih jeung kuciwana, harepanana peunggas bareng jeung mulangna pamajikanana ka alam padang poe padang nagri tunjung samprna, dipundut umur ku Nu Rahayu dipapag ajal ku Nu Maha Kawasa, sasatna kabagjaan nu geus diwangun teh ilang lumpat teu katembong dina kahirupanana, nu aya ukur mega mendung kabingung nu nalikung kolbu. Nya rengse mulasara pamajikan jeung anakna Ibnu Hajar indit ti eta lembur, bari teu puguh nu dijugjug, mamawa rasa nu dirobeda ku kakuciwaan, ngajingjing kasedih kingkin nu ngancik dina batin.

Nya rengse mulasara pamajikan jeung anakna, Ibnu Hajar indit ti eta lembur, bari teu puguh nu dijugjug, mamawa rasa nu dirobeda ku kakuciwaan, ngajingjing kasedih kingkin nu ngancik dina batin.

****

Dina kaayan peunggas harepan kitu, jorojoy Ibnu Hajar boga niat pikeun ngalakukeun kabiasaan manehna baheula, nayeta nglakukeun kajahatan deui. Tapi samemeh eta niat dilaksanakeun, dina hiji peuting manehna ngimpi diudag-udag ku oray nu badag kacida, eta oray boga karep pikeun nyaplok manehna, Ibnu Hajar lumpat sakalumpat-lampet bari gogorowokan menta tulung, keur kaayaan kitu dadak sakala datang hiji tangtungan Aki-aki, nu leumpangna geus make iteuk, bari utak-atok eta Aki-aki teh nulungan ka Ibnu Hajar, tuluy ngababukkeun iteukna ka eta Oray, ngan orokaya lain oray nu ingkah kalah ka eta Aki-aki nu ngacleng kabantingkeun ku tanagana sorangan.

Sanggeus dibabuk ku Aki-aki tadi bari teu regrog-regrog tetep oray ngaleor ngarangseg ngadeukeutan Ibnu Hajar nu tuluy undur-unduran, bari undur-unduran kitu ret ka tukang, karep mah seja lumpat ngan hanjakal teu kebat, da nu aya ditukangeunana teh jurang nu lungkawing, nu mun seug murag teh geus pasti moal katulungan, atuh beuki bingung bae Ibnu Hajar teh, ningali oray beuki deukeut bae ngarangseg, nya pamustunganana Ibnu Hajar pasrah, manehna ngudupruk bari panon peureum ti pepereket, sedengkeun oray geus calawak siap rek nyaplok neureuy manehna.

Dina kaayaan kitu teuing ti mana jolna, torojol teh budak leutik datang, bari tuluy maledog eta oray ku batu, sanajan ukur dibaledog ku batu bari ku tanaga budak, tapi eta Oray teu manggapulya tuluy sakarat, paeh sapada harita. Korejat teh Ibnu Hajar sadar, tuluy nguniang hudang tina sarena. Bari ngahegak ngatur nafas, kaayaan Ibnu Hajar sanajan ngimpi tapi asa nyata, ku kajadian ngimpi eta, cacap nepi ka bray isuk, Ibnu hajar teu sare deui, bari terus mikiran eta impian.

Isukna, bakating ku panasaran, nya Ibnu Hajar teh ngadatangan hiji Kiyai nu ahli nafsirkeun impian. Sanggeus datang ka eta Kiyai tuluy Ibnu Hajar nyaritakeun eta impian. Nya jawabna eta kiyai teh, yen Oray teh ngalambangkeun laku lampah jahatna baheula, sedengkeun Aki-aki eta gambaran kahadean nu kacida lemahna, dimana rek bisa nolak laku lampah jahat mun seug kahadean nu sakitu lemahna. Ngan untung keneh aya budak leutik nu datang nu maledog eta oray ku batu. Tah eta budak leutik teh minangka gambaran niat atawa patekadan pikeun tobat. Nya eta budak leutik mangrupakeun cikal bakal nu bakal meruhkeun sanajan sakumaha rohakana kakuatan kajahatan nu digambarkeun ku Oray dina eta impian.

Ngadenge katerangan ngeunaan tafsir impianana kitu, antukna niat Ibnu Hajar pikeun mulang deui ngalakukeun lampah jahatna jadi batal. Nya pamustunganana manehna tetep neruskeun niatna pikeun tobat, dina hatena sadar yen naon nu karandapan nyaeta ku maotna anak jeung pamajikanana teh, eta kabeh minangka ujian ti Pangeran, nu geus sakuduna disanghareupan ku kasobaran jeung kaikhlasan. Nya ti saprak harita, Ibnu Hajar teh gawena ukur nguseup di walungan, hasilna lauk meunang nguseup teh pikeun dahar sapopoe.

*****
Dina hiji poe kaayaan keur meumeujeuh panas mentrang-mentring, beuteung Ibnu Hajar geus karasa kukurubukan nagih eusi. Tapi ti isuk jedur nepi ka wayah tengah poe harita, nguseupna can aya hasil, can aya hiji oge lauk nu beunang. Useup tetep bae dipencrong susuganan nenggak didudut ku lauk, bari pepelengkingan nahan rasa lapar. Keur anteng nguseup kitu ngadadak katingali aya jambu kulutuk nu ampul-ampulan kabawa palid ku cai walungan nu kabeneran teu pati tarik teuing caahna, ningali aya jambu kulutuk nu ampul-ampulan kitu nya teu talangke, langsung bae ku Ibnu Hajar teh eta jambu kulutuk teh di cawuk, da kabeneran meneran palid ka hareupeunana. Geus beunang mah eta jambu kulutuk teh langsung bae didahar, da pamikirna kabeneran pisan keur mah beuteung lapar itung-itung ngaganjel beuteung.

Ngan rengse ngadahar eta jambu kulutuk, dadak sakala awak Ibnu Hajar karasa panas, bari robah awakna jadi geseng hideung. Bari aya dina kaayaan reuwas kitu, ngolebat dina pikiranana, boa-boa gara-gara ngadahar eta jambu kulutuk nepi kitu kaayaanan teh, sabab sanajan meunang manggih oge pasti ieu jambu teh aya nu bogana, jadi kaasup haram mun seug can menta izin ka nu boga kebonna. Nya langsung menhna boga niat pikeun menta ridho jeung halalna ka nu boga eta ambu. Nya satuluyna Ibnu Hajar teh mapay-mapay sisi eta walungan. Tug nepi ka hiji kebon sisi lembur nu sakurilingna pinuh ku tangkal jambu kulutuk. Teu salah deui pasti ti kebon ieu asalna jambu kulutuk nu geus di dahar tadi teh. Tuluy luak-lieuk ningali ka sabudeureun eta kebon, nya breh katingali aya hiji tangtungan jalma geus aki-aki, nu keur ngaroris eta kebon, kadenge eta jalma teh semu kukulutus:

“Dasar manusa.. geus robah jaradi monyet meureun nya ?, jambu nepi ka seepna kieu dialaan bari tanpa izin deuih ka kami.. dasar pisan..” Cek eta jalma

“Assalaamu ‘alaikum…Punten…pangersa..! “ Ibnu Hajar uluk salam

“Wa’alaikum salaam warohmatullooh….saha anjeun jeung rek aya naon kadatangan anjeun kadieu teh ?” Jawab eta jalma nu teuaya lian nu boga kebon jambu, bari ngalieuk ka Ibnu Hajar.

“Hapunten sun..sateucaanna , wireh parantos mgawagel waktos salira pangersa, nepangkeun wasta abdi teh Ibnu Hajar, maksad abdi kadieu teh, nyaeta abdi teh bade nyhunkeun karidhoan bapa, supados ngahalalkeun jambu kulutuk nu tos dituang ku abdi” ceuk Ibnu Hajar.

“Menta ridho…. ?..teu salah ieu teh ?.cing naha pantes.. jambu geus di dahar ..menta izinna ayeuna..?” Ceuk nu boga eta kebon jambu bari rada ketus teu mere budi.

“Hapunten pisan sun !... abdi teh mendakan jambu kacandak palid ku cai walungan, janten abdi nuang jambu teh sanes kenging ngala sun !” Walon Ibnu Hajar ngajelaskeun.

“Alaah .. siah !. ti iraha walungan buahan jambu kulutuk..?.. teu ridho siah kami ..teh !.. anjeun kudu mayar jambu nu geus didahar ku anjeun..!” Ceuk eta jalma nu boga eta kebon jambu bari tetep teu mere budi.

“Duh..hapunten pisan sun !.. kaleresan abdi teh teu gaduh artos kangge mayarna.. nyangakeun sadaya-daya.. sun !.. kumaha saena.. ngan pamundut abdi ukur nyhunkeun ridho galihna ..kana jambu nu tos dituang ku abdi..” Jawab Ibnu Hajar rada ngahelas.

“Teu bisa kitu bae…eum !.. nya enggeus mun anjeun teu boga duit, wayahna anjeun kudu digawe di kami ngurus kebon jambu ieu ..salila sataun..” Ceuk jalma nu boga eta kebon jambu bari ngaleos indit, ninggalkeun Ibnu Hajar nu molohok, teu bisa kukumaha, ukur bisa narimakeun kana naon kaputusanana eta jalma nu boga eta kebon jambu. Hiji harepan Ibnu Hajar, nyaeta menta dihalalkeun jambu nu geus didahar meunang manggih di walungan tea, nu yakin memang teu salah deui salah sahiji buah jambu di eta kebon nu murag ka cai tuluy kabawa palid. Nu ngakibatkeun awakna jadi geseng hideung ayeuna.

****
Teu kacatur mangsa sataun teu karasa, Ibnu Hajar ngurus eta kebon tanpa dibere upah, bari teu sasiki-siki acan Ibnu Hajar wani ngasaan ngala komo ngadahar buah jambu nu aya di eta kebon. Malah nu marurag oge dikumpulkeun di wadahan nepi ka alancur buyatak teu wani ngadahar, kitu kaayaan Ibnu Hajar salila sataun ngurus eta kebon jambu. Geus kitu mah Tuluy Ibnu Hajar teh ngadatangan ka jalma nu boga eta kebon, barang geus adu hareupan, tuluy Ibnu Hajar nyarita:

“Al-hamdulillah .. sawarsih abdi rengse ngurus kebon salira pengersa.. kumaha salajengna ..naha salira pengersa teh parantos ridho galih ..kana jambu nu tos dituang ku abdi tea..?”

“Duh ..wayahna ..pisan ! sabab eta kebon jambu teh milik anak kami, tur ta anak kami sedih ..kulantaran ngadenge beja jambuna aya nu ngadahar tanpa izin, tah moal ridho mun seug pamentana henteu ditedunan, nya pamentana teh, wayahna maneh kudu digawe ngurus kebon sataun deui..” Jawab nu boga kebon sangeunahna

Ibnu Hajar teu bisa kukumaha deui, kapaksa kudu narima eta kaputusan. Nya manehna balik deui ka kebon pikeun ngurus deui sataun lilana. Beak beurang beak peuting manehna ngurus eta kebon, bari nempatan sasaungan nu ngahaja meunangna nyieun pikeun sare, reureuh jeung ngiuhan tina panasna panon poe jeung hujan. Teu aya rasa jengkel, komo aral, estu disanghareupan ku kasabaran jeung kaikhlasan, tetep hiji nu jadi harepan, karidhoan tin u boga kebon kana jambu nu geus didaharna tea. Bari hayang cageur awak nu robah jadi geseng hideung akibat ngadahar eta jambu.

Teu kacatur cunduk waktu nu ditunggu-tunggu, nya rengse sataun kadua Ibnu Hajar ngurus eta kebon, tuluy Ibnu Hajar teh ngadatangan deui nu boga kebon, bari terus nyarita:

“Alhamdulilah sun…! teu karaos geuningan tos rengse taun kadua, abdi mulasara sareng ngurus kebon teh , nya salajengna mah abdi neda widi seja amitan … sareng kumaha salira sareng tuang putra salira pengersa teh parantos ridho galih ..kana jambu nu tos dituang ku abdi tea..?"

“Ke…ke… dua taun ngurus kebon..ukuran kami acan cukup, pikeun nebus kasalahan anjeun, nu geus wani-wani ngadahar jambu ti kebon anak kami nu nepi ka kiwari manehna nandangan kasedih ku sabab jambuna di dahar ku anjeun tanpa izin, tur ta ku akibat kasedihan eta, anak kami nepi ka kiwari jadi parawan kolot, tah..ku hal ieu pisan.. kami bakal menta pertanggungjawaban anjeun.. daek teu daek anjeun kudu ngawin anak kami..mun seug anjeun hayang meunang karido ti kami jeung anak kami..ngeunaan jambu nu geus didahar ku anjeun” Jawab nu boga kebon panjang lebar.

Bari dina kaayaan bingung, ku ngadenge kaputusan nu boga kebon samodel kitu, nya kapaksa ibnu hajar narima, da memang teu aya pilihan lain deui. Kadenge ibnu Hajar nyarita:

“Nya mangga sun..! abdi nampi kana kaputusan salira..kitu ! pami memang kedah kitu mah..sadaya-daya abdi ngiringan..!”

“Nya sukur atuh..mun anjeun narima kaputusa kami mah, ngan anjeun kudu narimakeun kaayaan anak kami, anjeun ulah ngarasa kuciwa, sabab kaayaan anak kami teh, matana lolong, ceulina budeg, sukuna lumpuh, leungeunna buntung tur ..anak kami teh pireu..kumaha ?.. anjeun tetep daek..?” Ceuk nu boga kebon bari ngajelaskeun kaayan anakna.

Ngadenge katerangan ti nu boga kebon ngeunaan kaayan anak awewena nu bakal jadi pipamajikaneunnana, Ibnu Hajar ngahuleng sakeudeung, kabayang dina pikiranana, awewe buntung leungeunna, lolong panonna, budeg ceulina, lumpuh sukuna ditambah pireu deuih, pamikirna na meni nepi ka kieu nanasiban teh. Tapi dalah dikumaha, kusabab geus gilig hate hayang cageur awak nu geseng hideung tea, jeung hayang menta halal oge rido tina perkara barang nu teu halal nyaeta jambu sasiki nu di dahar ku manehna. Nya pamustunganana Ibnu Hajar teu bisa nolak kana pamenta nu boga kebon, tegesna Ibnu Hajar narima pikeun dikawinkeun jeung anak awewe nu boga kebon.

Katingali paroman kabungah mapaesan beungeut nu boga kebon, ku sabab kahayangna ditedunan ku Ibnu Hajar, nyaeta daek ngawin nu jadi anakna. Teu kacatur langsung bae Ibnu Hajar teh dirapalan. Ngan ngahaja anak awewe nu boga kebon teh teu dihadirkeun.

Kocapkeun akad nikah geus rengse, amil desa jeung na'ib atawa ki lebe oge tatamu sejenna geus balubar, tinggal Ibnu Hajar jeung nu boga kebon nu ayeuna geus resmi jadi mitoha duaan, bari katingali beberes imah. Rengse beberes kadenge mitohana Ibnu Hajar nyarita:

“Jung kaditu geura tepungan, anak bapa .nya.pamajikan anjeun..nu geus ngadadago di kamar..!’

“Mangga pa !...” Jawab Ibnu Hajar pondok, bari terus ngaleos nuju ka kamar tempat pamajikanana nu satuluyna bakal jadi kamar manehna oge, bari tetep pikiranana mah ngalayang ngabayang-bayang, pamajikanana teh leungeunna buntung, panonna lolong, sukuna lumpuh, jeung pireu. Bari hate ratug tutunggulan, jantung degdegan, lalaunan lawang panto kamar teh dibuka, sup bae Ibnu Hajar teh asup, ngan gebeg teh Ibnu Hajar ngagebeg, sabab geuningan di jero kamar teh lain wanoja nu dicaritakeun ku mitohana, nu ieu mah geuningan geulis kawanti-wanti lir widadari, estu geulisna lain pupulasan, anggauta badanna lengkep teuaya cacad saeutik-eutik acan. Ningal kitu, Ibnu Hajar langsung ngejat gura-giru kaluar ti jero eta kamar. Ningal Ibnu Hajar kaluar bari gura-giru kitu, mitohana langsung nembung:

“Ku naon anjeun.. bet kaluar gura-giru kitu ?.. manggih naon ?”

“Punten bapa..! geuningan nu dilebet mah sanes bojo abdi.. da bojo abdi mah ..sakumaha nu dicarioskeun ..ku bapa.. panangannana buntung, sampeannana lumpuh, socana lolong, bari pireu ..sedengkeun nu dilebet mah ..geuningan istri nu geulis, bari lengkep anggauta badanna teu aya cacad sakedik-kedik acan.." Jawab Ibnu Hajar ngajelaskeun bari nembongkeun paroman nu ngemu kaheran.

Bari mesem mitohana Ibnu Hajar nyarita:

“Kieu …nu sabenerna mah ..naon nu geus diterangkeun ku bapa ngeunaan hal ihwal kaayaan anak bapa tea samemehna, nya pamajikan anjeun ayeuna, maksud leungeunna buntung jeung sukuna lumpuh teh nyaeta manehna teu pernah ngalakukeun kamaksiatan, sukuna teu pernah dilengkahkeun ka tempat maksiat, leungeunna nya kitu keneh teu pernah dipake laku salah. Terus ceulina budeg, maksudna manehna tara pernah dipake ngadengekeun perkara-perkara goreng, matana lolong maksudna manehna teu pernah ningali hal nu dilarang ku agama. Tuluy bahamna pireu teh maksudna nyaeta manehna tara pernah nyarita kotor, kasar jeung sajabana..tah kitu maksud bapa ..teh…tah ayeuna nu aya di jero kamar teh, nyaeta pisan anak bapa ..nya pamajikan anjeun ayeuna nu sah….tah ayeuna mah jung kaditu geura tepungan deui… tong asa-asa.. ku bapa didu’akeun mugia aranjeun duaan dipaparinan katurunan nu sholeh oge sholehah..tur meunang kabagjaan salilana, hirup runtut raut sauyunan jauh tina kakuciwaan, raket caket kana katingtriman, kulawarga nu sakinah mawadah tur salilana aya dina limpudan ridho reujeung Rohmat Alloh” Ceuk Mitohana Ibnu Hajar ngajelaskeun panjang lebar.

Geus ngadenge katerangan samodel kitu mah, Ibnu Hajar malikeun awakna nu geus robah henteu geseng hideung deui nuju ka jero kamar panganten. Bari hate pinuh ku kasuka jeung kabungah, geuningan karasa hikmahna tina buah tobat nu dilakukeunana salila ieu teh, tegesna buah taubatan-nashuha karasa ku Ibnu hajar ku jalan manggihan kabagjaan hirup nu hakiki.

ربنا لا تزغ قلوبنا بعد إذهديتنا وهبلنا من لدنك رحمة ربنا إنك أنت الوهاب

Caag
Subang, 01122010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar