Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Kacaritakeun aya hiji kulawarga, salaki jeung pamajikan, Mang Asmar jeung Bi Icih, maranehna teh boga kuda hiji-hijina, ngan hanjakal kudana teh ririwit geringan bae, tapi najan bari kitu Mang Asmar tetep geten dina ngurusna sabab teu saeutik jasa nu geus dilakukeun eta kuda pikeun kulawargana. Ngan Bi Icih nu katingalina siga nu kaluman ningali kudana ririwit siga kitu, antukna Bi Icih ngaririhit ka Mang Asmar sangkan eta kuda teh dijual bae. Nya mimitina mah nolak Mang Asmar teh, tapi ku sabab terus-terusan diririhit ku Bi Icih pamajikanana kitu, nya pamustunganana Mang Asmar nurut pikeun ngajual eta kuda ka pasar.
Isukna Mang Asmar jeung Bi Icih arindit ka pasar bari nungtun kudana, karepna mah taya kajaba nyaeta pikeun ngajual eta kuda. Ku sabab ka pasar teh rada jauh, Mang Asmar nu kaayaan awak begang, katingali renghap ranjug ngahegak nafas da cape leumpang, nya kitu keneh Bi Icih, ku sabab awakna lintuh bayuhyuh ampir-ampiran bae kapiuhan kacapean, tapi duanana maksakeun diri neruskeun lalampahan. Dina kaayaan kitu, jalma-jalma nu lalar liwat naringalikeun, nya salah saurang diantarana aya nu nanya ka eta salaki jeung pamajikan:
“Punten dupi Mamang sareng Bibi teh bade kamarana ieu teh ?”
“Kami duaan teh rek ka pasar..” Jawab Mang Asmar
“Ke.. ke.. ari eta kuda .. paeh atawa hirup” Ceuk salah saurang nu lalar liwat nanya deui.
“Aeh..aeh.. naha teu katingali .. nya kuda hirup ..atuh” Jawab Mang Asmar semu keuheul.
“Na.. ari Mamang jeung Bibi siga nu teu hideng, ari eta kuda hirup mah atuh tumpakan gentian.. mbeh Mamang jeung bibi teu cape siga kitu..” Ceuk salah saurang nu lalar liwat, nu u nanya tadi bari nganaha-naha.
Ngadenge kitu, Mang Assmar jeung Bi Icih, sakedapan mah tingharuleng, rada kapikir meureun, pok Mang Asmar nyarita:
“Indungna.. bener oge omongan jalma tadi, sok atuh ayeuna mah urang giliran, indungna heula ..nu tiheula tumpak ieu kuda.. keun lah kami nu nungtun..”
“Nya sok atuh.. ! kabeneran deuih kami teh geus teu kuat leumpang…” Jawab Bi Icih, bari langsung nerekel naek ka tonggong kuda.
Geus kitu mah duanana neruskeun lalampahan nuju ka pasar. Ngan karek oge sababaraha pengkolan duanana tepung deui jeung jalma nu lalar liwat, kadenge salah saurang ti antara nu lalar liwat teh nyarita:
“Euleuh .. eta dasar awewe pinarakeun…salaki begang kitu sina nungtun kacapean nepi ka ngahegak beak nafas kitu, manehna ngeunah-ngeunah anjeucleung di luhur kuda, dasar pamajikan doraka…”
Ngadenge omongan jalma nu lalar liwat samodel kitu, Bi Icih nitah ka Mang Asmar sangkan eureun nungtunna, geus eureun langsung manehna turun, bari pok nyarita:
“Bapana..! sok ah.. kami mah mendingan turun.. bisi disebut pamajikan doraka deui, sok bapana bae nu numpak ieu kuda, kajeun kami nu nungtun…”
“Nya sok atuh..!” Jawab Mang Asmar pondok, bari ngatur nafas nu ngahegak kacapean.
Geus kitu mah terus duanana neruskeun lalampahan deui, ngan karek oge dua pengkolan geus tepung deui jeung jalma nu lalarliwat, sarua siga tadi salah saurang aya nu nyarita:
“Duh ..kakaraeun kuring manggihan hiji lalaki nu kacida kurang ajarna ka pamajikan, eta pamajikanana nu sakitu kasiksana kacapean sina nungtun-nungtun kuda …salakina anjeucleung ngeunah-ngeunah numpak kuda.. beu’ kacida..pisan ..tega.. dasar lalaki teu boga rasa kamanusaan…”
Ngadenge aya nu nyarita kitu, Mang Asmar kontan luncat turun ti luhur kuda, bari terus nyarita:
“Beu’.. jadi bingung kami mah… kudu kumaha atuh ieu teh… tadi indungna nu numpak.. disebut..pamajikan doraka malah pinarakaeun.. ayeuna kami numpak.. disebut salaki tega..teu boga rasa kamanusaan… na kudu kumaha atuh ?”
“Kumaha mun ieu kuda ditumpakan ku urang duaan..” Bi Icih nyelengkeung ..mairan
“Tah ..jigana ..leuwih hade .. mun seug kitu mah.. sugan moal aya nu nyawad deui..”Jawab Mang Asmar nyatujuan.
Geus sapuk duaanana kitu, nya cle bae…duanana numpak eta kuda, pamikir duanana sugan kitu mah moal aya nu nyawad deui. Ngan karek oge meunang sapengkolan, gorowok teh kadenge aya jalma nu gorowok, semu nu nyentak:
“Heh.. manusa ..kejem ! .. na ari maraneh teu boga rasa kanyaah ka sato, tingali atuh kaayaan eta kuda …ampir paeh kitu ditumpakan ku duaan.. cing atuh mikir.. apan maneh teh manusa nu boga akal pikiran.. sing boga kanyaah atuh ka sato teh… sok geuwat turun..!”
Ngadenge aya nu ngomelan kitu, turun duanana turun, barang breh ditingali sihoreng nu nyentak tadi teh patugas nagara nu keur ngaroris kaayan nagri. Duanana diomelan samodel kitu teu lemek teu nyarek, ukur tarungkul bari nitenan kaayaan kuda nu memang ampir rek paeh kacapean da ditumpakan ku duaan. Patugas nagara tadi sanggeus ngomelan mah tuluy indit neruskeun tugasna, ninggalkeun Mang Asmar jeung Bi Icih nu ting haruleng bingung ku lalampahan, keur kitu pok teh Bi Icih nyarita:
“Kumah mun seug digotong bae ieu kuda teh ?”
“Heueuh alus tah ..pipikiran teh… bener urang gotong baer.. sugan bae ku digotong mah .. moal aya deui jalma nu ngomel jeung nyawad ka urang….”Jawab Mang Asmar, kituna teh bari terus neangan kai pikeun ngagotong eta kuda, barang geus manggih tuluy ngaluarkeun tambang tina kantong, reketek bae kuda teh diborogod kana kai, geus kitu mah regeyeng bae kuda teh ditanggung kuduaan nuju ka pasar.
Kocapkeun geus nepi ka lawang pasar, duanana jadi bahan panitetanan jalma-jalma nu aya dipasar.. kaasup nu daragang, Mang Asmar jeung Bi Icih tonggoy bae ngagotong kuda teu malire nu keur naringalikeun maranehna, keur tonggoy duanana laleumpang nuju ka tengah pasar, ti tukang kadenge aya jalma nu ngeureunkeun, bari kadenge nanya:
“Mamang..! Bibi..! cing eureun heula sakeudeung..!”
Reg duanana areureun tuluy ngaralieuk ka tukang, acan oge duanana nyarita, jalma nu tadi ngeureunkeun teh kadenge nanya deui:
“Sanes.. dupi eta kuda teh lumpuh.. “
Ngadenge pertanyaan kitu, kontan Mang Asmar ngajawab:
“Ih.. henteu.. malah masih keneh bisa lumpat… ieu kuda teh”.
“Ke..ke… naha atuh kuda masih bisa lumpat, bet digogotong kitu.. padahal mah atuh tungtun bae.. mbeh Mamang jeung Bibi teu cape siga kitu.. … ehm.. dasar si Mamang jeung si Bibi bodo.. pisan..” Ceuk Jalma nu tadi ngeureunkeun nu taya lian salah saurang nu dagang di eta pasar.
Beak kasabaran Mang Asmar jeung Bi Icih, kitu salah kieu salah, antukna duanana mutuskeun pikeun miceun eta kuda ninggalkeun di sisi jajalaneun, kaputusan nu kacida salah jeung bodona. Hal ieu teh ku akibat duanana teu boga pamadegan nu kuat, gampang kapangaruhan ku nu lian. Antukna lain meunang kauntungan tapi nu aya katunaan ku akibat laku lampahna nu gampang kaombang-ambing ku kaayaan.
Caaag
Subang, 02122010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar