Rabu, 22 Desember 2010

Keur Ongkos Anjeun

 Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.


Pasosoré ba’da Ashar di rohangan tamu bumi Mama Ajengan katingali aya tamu, nu tos jadi kabiasaan Mama Ajengan pami nampi tamu téh ba’da ashar saréngséna ngawurukan ngaos kitab ka santri-santri nu ageung atanapi santri nu geus senior. Sapertos harita katingali tamu téh rengkuh, bari diuk sila tutug dipayuneun Mama Ajengan . kadéngé éta tamu téh nyarita:

“Kieu Mama..! pangna abdi dongkap kadieu téh, kahiji maksad mah seja silaturahmi, atuh nu kaduana abdi téh gaduh maksad …ka Mama téh…”

“Oh ..haturnuhun pisan . atuh…anjeun geus daék ngalongokkan kami, ….jeung éta aya maksud téh, aya maksud naon anjeun kadieu ..?” waler mama ajengan bari naroskeun maksud si éta tamu

“Kieu ieu téh Mama !…duh sok arisin ..nyariosna …” ceuk éta tamu, bari tetep rengkuh ajrih, sirah rada ngeluk tungkul teu wanieun paadu teuteup sareng Mama Ajengan.

“Haaar..naha bet éra sagala ..sok pok geura omongkeun ….susuganan kami bisa mantuan kana karerepet anjeun…” Waler Mama Ajengan

“Euuhh….sumuhun éta ..abdi téh seja …nyuhunkeun do’a ..atanapi amalan dzikir ka mama téh ..! …kitu manawi ..” Ceuk eta tamu ngajelaskeun pamaksudanana

“Ohhh….sugan téh rék ménta naon….émangna anjeun téh rek menta do’a naon ? …da ari kalimah-kalimah do’a mah sabenerna lain milik kami, éta mah kabéh ogé geus nyampak dina Al-Qur’an Dawuhan Allah jeung Hadits Dawuhan Kanjeng Nabi atawa dina kitab-kitab anggitan para Ulama-ulama baheula ..nu éta kabéh téh ..tinggal prak ku anjeun kotéktak….teu kudu bingung-bingung”. saur Mama Ajengan ..lirén sakedapan, katingal anjeunna ngalereskeun calikna, teras nyarios deui:

“Samodél …mun seug anjeun hayang suksés, atawa hayang beunghar ..tinggal prak kotéktak téangana.. da aya do’ana, Ngan omat !..pesen ti kami mah nyaéta..mun geus panggih jeung éta do’a kabeungharan téh, poma anjeun ulah ninggalkeun pakasaban, sabab mun seug anjeun kitu ..heueuh..hayoh wéh hantem-hanteman anjeun ngadoa hayang beunghar ka Nu Maha Kawasa, bari jeung teu dibarengan usaha …eta mah sarua eujeung ,,ngabujangkeun ka Allah. …Jeung éta deui ..anjeun poma ulah nepi ka ngandelkeun teuing kana kalimah-kalimah do’a, sabab hal éta téh bakal nimbulkeun hiji kayakinan nu nyimpang, da do’mah hiji alat, nu jadi cukang lantaran pikeun nepikeun hiji paménta ka Nu Maha Kawasa, anapon diijabah jeung henteuna éta paménta, éta mah kersaning Allah, tur gumantung kana tingkah jeung tata laku kasopanan urang dina nalika prak urang ménta ka Manten-Na” Waler mama ajengan rada panjang lébar

“Sumuhun mama ..kahartos pisan..kana saneskanten nu dicarioskeun ku salira pangersa ! nanging nu janten pasualan téh .. éta mama !..euu’….rumaos abdi téh teu tiasa ngotéktakna…komo upami tepang kana arab gundul mah ..duh..! abdi mah kacida lebengna ..poekkeun pisan ..da rumaos henteu sakola henteu masantren …”Cuk éta tamu

“Heueuh ..rek hayang do’a naon..atuh anjeun téh ?...hayang beunghar .?.atawa hayang naon..? “ Saur Mama Ajengan naros.

“Duh….kumaha nya …?...euuu’…éta mama abdi mah seja nyuhunkeun do’a hoyong tiasa angkat haji ka tanah suci ka ditu ka Makkah….kitu manawi ..”Walon eta tamu.

“Ohh.. alus atuh kahayang téh …ngan meureun modal teu boga…kitu maksud anjeun téh, jadi wéh ..hayang menta do’ana !” Saur Mama Ajeungan bari imut mesem.

“Sumuhun ..leres ..kitu pisan. Mama…!” Walon si éta tamu
.
“Ke..ke…ari anjeun bisa maca ayat Qur’an..” Saur Mama Ajengan naros

“Insyaalloh..tiasa Mama ..pami ngaosna mah..ngan pami ngahrtokeun sareng neuleuman eusina mah abdi teu tiasa….estu ukur tiasa maosna wungkul…” Walon eta tamu bari siga nu era ngajelaskeun ngeunaan kaayaan dirina terang-terangan.

“Nya alus sakitu ogé..batan henteu teuing..da ku macana ..ogé insyaalloh meunang pahala keneh…sok atuh ari anjeun bisa maca mah…saran ti kami… éta bae ..sok coba ku anjeun dawamkeun maca surat Al-Waqi’ah, surat Al-Muluk jeung surat Yaasiin…sarengsena dzikir ba'da sholat maktubah..atawa solat fardu nu lima waktu tea...!” Saur Mama Ajengan bari imut mesem.

“Oh..serat-serat éta Mama…! atuh eta mah ..alhamdulilah ..tos sering diaos…ku abdi oge..... tapi insyaalloh …ku abdi bade teras di leukeunan deui ngaosn. Teras éta kinten-kinten.. sabarha lami kedah ngmslkeun dina ngaos eta serat-serat teh ..Mama ?”Ceuk eta tamu bari naros deui ka Mama Ajengan.

“Sok lah ..!Saminggu baé macana !…tong lila teuing !…masing khusyu', ikhlash tur niatkeun ibadah, tah..! engké dimana anjeun geus rengse nepi ka saminggu dina ngamalkeun maca eta surat-surat Al-Qur'an nu ku kami disebutkeun tadi ….poma anjeun..kudu datang deui kadieu ka kami !…bari ulah poho mawa surat-surat tanah, kebon jeung sawah ..”Waler Mama Ajengan.

“Mangga !...tapi eta naha kedah nyandak surat tanah, kebon sareng sawah sagala ?....naha kanggé naon Mama…?”Ceuk eta tamu

“Yéééhhh….apan urang jual eta surat-surat téh…KEUR ONGKOS ANJEUN indit ibadah haji ka tanah suci..” Waler Mama Ajengan.

“Haaarrrrr…..????” Ceuk eta tamu bari molohok

Caaaag.

Subang,21052010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar