Rabu, 22 Desember 2010

NYALIKSIK DIRI

 Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Hawar-hawar tikajauhan kadéngé sora Adzan Dzuhur di Masigit, ngajak ngadeukeutkeun diri ka Gusti Nu Maha Suci, nu mémang sawajibna pikeun nu ngaku iman, nu ngaku Islam-mah dina ngalakonannana.

Tapi Kuring angger baé anteng ngalamun di tepas imah, nyawang ka nu anggang kana mangsa nu geus kasorang, mangsa nu hamo ilang dina ingetan. Bruh- breh kalangkang kahirupan nu katukang ngalangkang dina lamunan. nu eta kabeh teh tos direkam Ku Nu Maha Kawasa nu mangrupakeun hiji catetan buku amal nu bakal katampa jaga din poean wawalesan. "Duh ..boa-boa catetan buku teh matak pikahariwangeun ari laku lampah siga kieumah ..Duh Gusti mugi nebihkeun ka abdi kana laku lampah nu matak ngotoran kana cateten amal jisim abdi.."

“Heueuh …! Dirasa-rasa mémang beuki dieu téh asa beuki jauh baé ka Gusti Alloh téh, Emh …. Boa-boa jeung mémang dienyana ku akibat hal ieu pisan meureun norojolna mangpirang-pirang masalah nu ti poé ka poé téh lain tuntas, tapi kalah ka asa beuki nambahan. Nu hiji acan réngsé jol deui masalah séjén. Duka hukuman, duka teuing ujian, lamun ujian wajar, da hirup didunya mah tempatna ujian, boh ujian hadé atawa goréng ieu mah geus jadi guratan takdir Nu Maha Kawasa. Terus deuih lamun hukuman, mémang pantes ari diri sakieu kaayaannamah nu ti poe ka poe euweuh euih-euihna.. “

“Duh Gusti ….! Jisim abdi rumaos tos tebih ka Anjeun, rumaos sering ngarempak larangan Anjeun, jisim abdi rumaos tos campodéh léléwodéh kana amanah anjeun, jisim abdi rumaos janten jalmi nu kaniaya nu dzolim ka diri pribadi jeung sasama, panginten sagala nu karandapan ku jisim abdi ayeuna minangka hasil laku lampah nu salami ieu di pidamel ku jisim abdi”.

“Duh Gusti..! saupamina mémang sadaya nu karandapan ayeuna-ayeuna téh, mangrupakeun hukuman sahingga abdi ayeuna nuju digeuingkeun ku panyeprét anjeun Gusti, Jisim Abdi ngahaturkeun syukur ka Anjeun Gusti wiréh jisim abdi dipaparinan waktos pikeun tobat tina samudayaning kalepatan nu parantos ku jisim abdi dipidamel, ogé tina hal-hal nu mantak nyandak cilakana diri jisim abdi".

Duh Gusti ! saupamina mémang nu karandapan ayeuna téh mangrupakeun ujian atanapi cocobi ti Anjeun Gusti, jisim abdi neneda ka Anjeun Gusti mugia ieu ujian téh, ieu cocobi téh abdi dipasihan kakiatan dina nandanganana ogé mugia kasabaran salamina ngancik dina diri jisim abdi sahingga jisim abdi téh ka lebet kana golongan jalmi-jalmi anu sabar. Margi sagala daya, dana, upaya, katut kakiatan jisim abdi teu gaduh hak pikeun mibogana anging Anjeun Nu Maha Ngersakeun.

“Duh Gusti jisim abdi nyanggakeun sadaya-daya, anjeun nu nangtoskeun ogé anjeun Nu Maha Ngersakeun sadaya nu lumangsung di ieu alam dunya, saéna anjeun nu Ngersakeun, atuh nu awonna jisim abdi nu janten margalantaran. nu hade hasil sareng untungna kangge abdi, pon kitu keneh nu awonna mulang deui karugianana kangge abdi da rumaos abdi nu melakna, tapi sanaos kitu pamugi Anjeun Gusti maparin pituduh jalan nu sae nu anjeun mikaridho ka abdi...”

“Aeh…. Kalah ka kalalanjoan geuningan, waktu Dzuhur ampir liwat,Duh Gusti..! hapunten jisim abdi..nui sering abdi ngalalaworakeun kana waktos-waktos nu mangrupakeun hak anjeun gusti nu tos sakedahna dilaksanakeun...Duh Gusti paparin abdi kaistqomahan dina nohonan sagala parentah Anjeun Gusti ....",

Jung kuring cengkat tina korsi di tepas imah, koloyong ka cai, tuluy abdas, da ari mandimah eunggeus saméméhna, ongkoh deuih usum tiris, da lamun nurut kana hawa nafsumah jeung lamun teu ngingeutkeun kana nohonan kawajibanmah asana téh ku haroréam tepung jeung cai, tapi Alhamdulillah muji syukur ka Alloh, ku masih dipaparin kaimanan sahingga masih kénéh bisa ngalawan saeutik-eutikkeun kana hawa nafsu, najan kalolobaannamah kalah ka ngagugu ka si éta téh.” ..

Caaag !

Subang, 13 Muharam 1431 H./ 31 Desember 2009 M.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar