Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
Mulangkeun deui ingetan ka alam pasantrén, heueuh diinget-inget téh, naha bet loba baongna batan bageurna, samodél hiji mangsa teuing iraha-irahana mah kuring geus poho deui, si Agus batur kuring beurangna téh geus nyirian tangkal kalapa nu katingali ku manéhna mah cenah mareujeuhna mun di ala pikeun dirujak. Atuh pasosoré saréngséna ngaji ba’da Ashar téh kuring limaan langsung ngayakeun babadamian pikeun ngalancarkeun operasi ngala éta kalapa.
“Kumaha euy, supaya ulah kadéngé muragna “ Ceuk si Takim ngamimitian muka obrolan nu harita keur di jero kobong bari ngariung limaan, harita téh keur babadamian rék ngarencanakeun operasi maok kalapa nu beurang meunang nyirian.
“Heueuh.. kumaha atuh ..? jeung saha nu siap naékna ngala kalapa téh ? ” Ceuk si Agus mairan
“Nu siap naék mah apan éta ..si Takim ..! ..ngan éta kumaha cenah carana sangkan kalapa ulah kadéngé muragna,,,? “ ceuk Kang uyu santri nu pangkolotna diantara nu limaan milu ngomong.
“Tah..! kumaha lamun kieu..?” Si Adun nyelengkeung
“Kieu….kumaha…. ?”…ceuk nu opatan ampir bareng ngomong
“Heueuh….kumaha lamun ngalana mawa sarung..?” ..Ceuk Si Adun
“Lah ..manéh mah ..sok aya-aya baé ..usulan téh…..na maké kudu mamawa sarung sagala …” Ceuk kuring
“Yéééhhh…..ke heula déngékeun heula atuh..uing acan anggeus ..ngomong !” Ceuk si Adun semu keuheul bari ngalieuk ka kuring.
“Enya ..sok tuluykeun….kumaha carana …?” ceuk Kang Uyu nitah nuluykeun ngomong ka si Adun.
“Kieu..maksud uing mah…mawa sarung téh ..engké éta sarung téh dikongkoyangkeun kana beuheung, …tah dimana geus di ala éta kalapa.. ulah dipuragkeun…tapi asupkeun kana sarung nu geus di kongkoyangkeun téa,…..kumaha tah lamun kitu?” ceuk si Adun ngajelaskeun.
“Tah….éncér ogé uteuk manéh..Dun euy..!” Ceuk kuring muji
“Aing téa ..atuh..palebah dieu mah …éncér…”Tembal si Adun meni rebéh liang irungna pada muji.
“Heueuh..lebah dieu mah alus éncér ….ngan lamun sina ngapalkeun tashrifan mah ..bebel ..” Ceuk kang Uyu….
“Yéééhh….éta mah béda deui..atuh kang ..! …taluk ..uing mah lebah dinya mah…héhé” Ceuk si Adun bari nyéréngéh
***
Teu kacatur peutingna, sakira jam dua welas peuting, operasi téh dilaksanakeun, térékél si Takim naék kana tangkal kalapa, katingali euweuh kapaur najan ti peuting. Barang geus nepi ka luhur tuluy manéhna diuk dina barangbang kalapa merenahkeun posisina méméh ngala kalapa, geus ngarasa merenah posisina tuluy katingali manéhna ngalaksanakeun usulan si Adun, nyaéta ngongkoyangkeun sarung kana beuheungna.
Geus kitu mah katingali leungeunna muntir-muntirkeun kalapa hiji-hiji, nu geus ka ala langsung di asupkeun kana sarung nu dikongkoyangkeun kana beuheungna, geus aya limana kalapa téh, tuluy manéhna katingali tatan-tatan rék turun, ngan katingali élékésékéng, siga nu hésé turun. Kuring mah opatan di handap nungguan, bari ngededempés nyumput dinu poék, bari ngawaskeun ka sabudeureun bisi aya nu datang.
Teu lila kadéngé sora si Takim gogorowokan ti luhur ménta tulung bari kadéngé sorana téh pegat-pegat siga nu kacekék:
“Aduh..euy..kumaha uing ieu…?…euu .deuh…tulungan euuuuy…uing ..kacekék”…
Ngadéngé kitu, sontak kuring opatan téh ningali ka luhur, reuwas aya, hayang seuri aya, sabab, ningali si Takim sukuna keur roroésan gugulayunan di luhur, dua leungeunna ngarawel kana barangbang kalapa teu nepi-nepi….sedengkeun beuheungna eu’euleugeugan ..da kacekék ku sarung nu dikongkoyangkeun kana beuheungna nu nyampay kana barangbang bari kabeungbeuratan ku kalapa. Meureun keur turun salah posisi, jadi siga ngagantung maneh ku sarung.
Nya atuh…operasi peuting harita mah kanyahoan, da ..kabéh santri ka gareuwahkeun jadi harudang, ka asup Mama Ajengan ogé milu kaluar, babarengan milu nulungan si Takim nu roroésan di luhur tangkal kalapa.
Caaaag. .
Subang, 23052010.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar