Minggu, 19 Desember 2010

"Duh Tiwas..."

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Aya hiji Raja nu rarayna kacida goreng patutna,  mibanda dua garwa nu gareulis. Dina hiji mangsa eta raja nyaketan ka garwa-garwana nu nuju mayunan kaca eunteung bari ngarias raray-rarayna, ngan aya nu aneh, sabab nalika eta raja ningali rarayna nu aya dina kaca eunteung nu diangge ngarias raray ku garwa-garwana, anjeuna tuluy ngagoak nangis.  atuh tingkah kitu teh ngagareuwahkeun garwa-garwana:

"Duh ..kakang ..aya naon ieu teh naha bet salira nangis kitu?" Saur salah saurang garwana naros semu reuwas

"Muhun Kakang ...aya naon atuh ieu teh ..naha bet nangis..sarengsena ningal kaca eunteung..?" Walon garwana nu hiji deui.

Ditaros kitu raja tetep nyegruk nangis, henteu ngawaler. atuh beuki tagiwur bae kayaan teh, kakuping garwa-garwana nararos deui:

"Duh Kakang !..aya naon ateuh ieu teh..? naon nu janten margi lantaran salira nangis teh..sok enggal balaka ...!"saur garwana nu hiji naros

"Sumuhun kakang !..sok enggal atuh waler..aya naon ?.. ulah dugi ka ngadamel katagiwuran manah kieu... naha kakang teh teu resep kana kaca eunteung ieu... atuh pami teu resep mah.. mangga urang ancurkeun bae.. "saur garwana nu hiji deui..

"Duh..tiwas... geuningan..bojo-bojo akang nu gareulis..!." Saur raja ngawaler."Tiwas...geuningan ..Raray akang teh awon ..beungeut akang teh kacida goreng patutna, saumur dumelah oge salami ieu.... nembean akang mah ningal raray akang nyalira sapertos kieu.... duh tiwas....toobbaaaat..." Saur eta raja bari ceurikna nambihan tarik.

"Ohh... eta...manawi teh naon.. kakang..? "   Ampir sareng dua garwana mairan, lajeng eta dua garwana gentos nu nangis bailihan... atuh eta raja teh janten ngaraos aneh..jep bae anjeunna mah liren tina nangisna, malik reuwas..teras naros ka dua garwana:

"Aeh--aeh...naha ..bet ...aranjeun ..ngiring narangis...kitu..? ..bari nagis na bet langkung-langkung ti akang ?.....ke ...ke...aya naon.. eiu teh..?"

Ditaros kitu dua garwana ngawaler ampir sareng:

"Duh kakang, ! salira kakang mah nangisna nembe ayeuna ....lantaran nembe ningal sakali ieu dina kaca eunteung... apan pami jisim abdi  mah ... tiap dinten tiap wengi  salami dipigarwa ku salira kakang,  ningal pameunteu salira nu awon teh ...sun... "

???????????

Cag.

Subang 14092010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar