Rabu, 22 Desember 2010

TOBAT ALATAN IMPIAN

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

“Ampuunn….!....tobaat..!...kuring tobaaaaat..!Ampuuunn !..”. gorowokna hiji jalma buraong nu pagaweanana tukang rarampog nu geus kahot, estu tukang bobok tukang tarok, tukang mukaan tali anderok, nu harita gogorowokan padahal manehna téh keur sare, horeng ngimpi meureun. Atuh ningali kitu ..pamajikanana langsung ngaguyah-guyah ngahudangkeun manehna.

“Kang ! ..hudang kang ..iyeuh ! ..aya naon ..bet gogorowokan kitu….nepi ka ngadua kalian…? ” Ceuk pamajikanana nu kagareuwahkeun, bari tetep ngaguguyah salakina jalma buraong tea.

Diguguyah kitu ku pamajikanana, nya jalma buraong téh langsung ngagurinjal hudang, katingali nafasna ngahegak siga nu tas manggihan kareuwas. Keur kaayaan kitu, solongkrong pamajikanana nyodorkeun cai sagelas bari pok nyarita:

“Yeuh ..kang nginum heula ..mbeh tenang…!”

Teu nyarita langsung kerewek éta cai dina gelas nu disodorkeun ku pamajikanana téh ditarima tuluy diinum meni ngaleklek. Beres nginum jeung geus kumpul deui pangacianana mah kadenge jalma buraong teh nyarita:

“Duh tiwas ....! akang téh dua kali ngimpi tuluy-tuluy nu matak pikareuwaseun jeung pikakeueungeun..“ Ceuk eta jalma buraong ngajawab

“Ngimpi naon atuh akang téh ?” Tanya pamajikanana

“Enya akang téh ngimpi …gering parna, harita akang digugulung diceungceurikan ku maraneh, bruh bréh kalangkang kahirupan nu geus dipilampah ku akang narembongan, abah jeung ema nu geus areuweuh téh daratang ngahiap-hiap ka akang sangkan milu ka maranehna, ngan akang harita nolak embung, les deui laleungitan areuwueuh deui tina titingalian akang harita, tuluy akang téh ngalieuk ka katuhu bréh katingali ku akang hiji kaayaan alam nu lega satungtung deuleu estu upluk-aplakna,, duka kaayaan alam di mana akang ogé acan pernah ngalaman nincak ka alam dinya”, ceuk eta jalma buraong eureun heula sakeudeung nyaritana, tuluy nyarita deui:

“Duh ata mah mani sarwa endah, alam nu pinuh ku kanikmatan, katingali loba tatangkalan nu linduk iyuh nu siga meunang ngatur melakna, terus loba patamanan nu endah matak bétah, ditambah gedong-gedong sigrong nu ngadangong nu harerang ditaretes ku emas, perak inten mutiara, nu tinggurilap harerang, lah pokona mah matak pikabetéhun mun seug asup ka jerona, kumejot akang harita haying asup ka dinya, ngan duka ku naon akang teu bisa, da asa aya lalangse hahalang jarak pamisah nu teu bisa disingkahkeun ku akang. Les deui bayangan nu aya dititingalian akang téh lus-les laleungitan”.Eureun deui jalma buraong teh tina nyaritana, ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui:

“Geus kitu tuluy akang téh ngalieuk ka beulah kenca, plek poek mongkleng teu katingali curuk-curuk acan, ngan sakeudeung kaayaan kituna téh da satuluyna bray..! katingali hiji kaayaan alam nu sarua akang acan pernah nincak ka alam éta, harita akang ningali kaayaan nu matak pikasieuneun, pikakeueungeun, matak muringkak bulu punduk, sabab katingali ku akang seuneu nu ngabeubeula ngalentab-lentab, nu mawa hawana panas kacida, panasna titikelan batan panasna sueneu dunya, ngahéab panas karasa ka awak akang, terus éta seuneu téh bet ngadeukeutan siga rek ngaduruk akang, tuluy akang ngabalieurkeun beungeut, plek poek deui kaayaan téh”. Eureun heula nyaritanai jalma buraong, narik nafas tuluy ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui:

“Tuluy akang ningalian ka sabudeureun rohangan, bréh katingali deui maraneh nu keur ngagugulung nyeungceurikan akang, akang harita teu walakaya teu bisa kukumaha, ukur bisa pasrah kana kateuwalakayaaan. Barang keur kitu, gebeg akang téh ngarenjag reuwas, sabab aya nu datang hiji makhluk teuing ti mana datangna, awakna minuhan rohangan, kacida badag jeung jangkungna, nu manehna téh ngaku-ngaku ngaranna Izroil…” reg deui Eureun sakeudeung jalma buraong tina nyaritana, leng ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui

“Tuluy manehna nyaritakeun maksud kadatanganana ka akang, horeng manehna téh rek nyabut nyawa akang, harita akang langsung nolak, adug lajer nyingkahan manehna, nolak embung-embungan, akang gugurinjalan, ngan orokaya akang harita teu bisa kukumaha, éta makhluk nu beungeutna piksieuneun teh, tuluy ngaranggeum bari terus ngajenggut bari ngagugunyeng sirah akang, bari kadenge manehna nyarita ka akang:

“Cicing siah.! Maneh geus waktuna kudu mulang !.wayahna ..katetepan pangeran teu bisa diengke-engke ogé teu bisa di geura-geura, estu kabeh ogé geus aya katangtuanana masing-masing,…tah ! ayeuna giliran katetepan maneh nu geus tumiba…..ku kituna ..tarimakeun kalayan pasrah….”

“Kitu pokna téh bari terus ngadudut nyawa akang, duh geuningan meni karasa pisan nyerina dicabut nyawa teh, lah nyerina téh meni kacida ..perih ting sereset asa boga tatu parna sawak-awak…tuluy diseblok ku ci uyah, peurih ..peurih karasana ..peurihna kacida tikel-tikelnal. Duh ! pokona mah nyerina teu bisa kagambarkeun ku carita, harita akang adug lajer nahan kanyeri aduh-aduhan ..karep mah hayang ngalawan nyingkahan eta makhluk tapi tetep teu bisa, akang jejeritan gogorowokan menta tulung ka maraneh, tapi naha bet caricing bae, kalah ngadon terus milu ngagugunyeng akang bari careurik..…tah nu matak akang ngagorowok téh éta kajadian nu kaalaman dina impian akang téh “Ceuk jalma buraong mungkas caritaanana

“Oh..! kitu kang !..tah geuningan ..panggeuing teh datangna ngaliwatan impian. Nu matak geura eureunan laku jahat teh, geus ayeuna mah sing geura sadar, geura tobat ayeuna mah , apan umur akang teh geus tunggang gunung, sok ulah sieun teu ditarima tobat ku Pangeran, nu penting mah niat tobatna, kalayan ikhlas bari niat moal ngalakukeun deui eta kalakuan, kitu apan ceuk pa Ustadz oge dina tiap pangajian nu ku kami sering ngahadiran” ceuk Pamajikanana nyarita, nu titatadi ukur ngadedengekeun. Bari pok nanya deui:

“Terus éta ngagorowok nu kadua kalina…akang ngimpi naon deui ..?”pokna deui nanya ka salakina jalma buraong tea.“Terus éta ngagorowok nu kadua kalina…akang ngimpi naon deui ..?”pokna deui nanya ka salakina jalma buraong téa.

“Tah…éta mah akang ngimpi deui, nu leuwih anéh sabab bet nyambung impian téh, harita dina impian nu kaalamaan ku akang saréngséna nyawa akang kaluar tina jasad, naha akang bet bisa ningalikeun layon akang keur dipulasara ti mimiti dipandian, tuluy dibungkus ku boé, di shalatan, tuluy digarotong ku pasaran tug nepi ka akang dipendem, réngsé layon akang bérés dipendem, tuluy maranéh marulang, karep mah akang harita téh hayang nuturkeun milu balik jeung maranéh, tapi teu bisa siga aya ahahalang nu kacida kuatna nghalangan akang, akang ukur bisa gogorowokan ngageroan ka maranéh, ngan euweuh saurang ogé ti antara maranéh nu ngadéngé kana panggero akang, maranéh tonggoy baralik ninggalkeun akang nu nyorangan cuang-cieung euweuh batur ngobrol, taya batur geusan jadi pamuntang tulung, akang harita ceurik nga naha-naha kana kaayaan, tengteuingeun pisan maranéh ninggalkeun akang sorangan…” jalma buraong eureun heula nyaritana, tuluy neureuy ciduh maseuhan tikorona nu karasa garing, geus kitu tuluy ngalanjutkeun deui caritana:

“Geus kitu mah tuluy akang téh siga aya nu nungtun pikeun ngadeukeutan layon akang nu aya dijero kaluat nu dibungkus ku boéh, duh mani kacida paroék mongkléng buta radinna kaayaan téh, geueuman, tempatna kacida heureut ukur pipinding padung jeung lemah nu ngalingkung rohangan tempat akang ngajelepeng, tuluy karasa siga aya nu nungtun ka akang pikeun ngasupan deui kana jasad akang nu tadi geus jadi layon téa, geus kitu karasa aneh deui ku akang, sabab akang tuluy bisa usik deui, gurinjal akang téh ngagurinjal, tuluy akang gugurinjalan nepi ka boéh nu mungkus layon akang téh ngajebral muka. Karep seja nguniang diuk, ngan teu bisa da tempatna duk-dek heureut…jadi akang teu bisa laluasa usik, teu bisa diuk-diuk acan, ukur bisa ngajelepeng, nangkarak ngabebengkang…karasa eungap, sumpek, rupek..jeung sajabana..”

“Keur teu paruguh akang ngararasakeun kaayaan, akang reuwas, sabab dadak sakala kaayaan téh asa jadi robah, akang asa pindah alam, pipinding padung teu katingali deui, akang harita rada bisa laluasa usik jeung diuk, tapi tetep kaayaan téh poék mongkléng, barang keur kitu torojol téh aya nu datang hiji tangtungan jalma, akang ngarasa reuwas campur bungah da asa aya batur. Katingali ngaduekeutan, ku akang disidik-sidik éta jalma téh, naha bet dedeganana ampir mirip sarimbag jeung akang, ngan hanjakal remeng-remeng ku akang katingali beungeutna, duh ! akang téh bet teu kuat neuteup lila, sabab goréng patut kacida, beungeutna pinuh ku bilatung, tina ceulina kaluar kala jengking, tina irungna kaluar bilatung, lah pokona mah geus teu mangrupa beungeut, tuluy awakna bau hangru ditambah bau bangké, nepi ka akang mekek irung sebel hayang utah, tapi akang ngawanikeun nanya ka manéhna:

“Ké..ké…hampura ki silah !...ari ki silah téh saha ?’...ceuk akang nanya ka éta jalma, kadéngé manéhna ngajawab:

“Mun anjeun hayang apal…! Yeuhhh..kami téh apan ..batur anjeun salila anjeun hirup di alam dunya…”

Ngadéngé jawaban kitu ..harita kénéh akang ngageter awak leuleus satulang sandi….campur reuwas, bari tetep dina haté was-was antara percaya jeung teu percaya kana jawaban éta jalma nu anyar datang, tuluy akang nanya deui ka manéhna:

“Ah..nu bener siah…! Teu .!.teu rumasa ..kuring ..boga batur siga anjeun..tong aku-akuan siah..! kaditu nyingkah…nu jauh !...teu rumasa aing boga sobat siga anjeun ! kaditu ,,,aing teu kuat ku bau manéh …kaditu siah nyingkah sing jauh !”

Dikitukeun ku akang manéhna ngajawab deui:

“Tong mungkir anjeun…! Tong ngusir kami ! apan keur di dunya mah anjeun kacida resepna ka kami, ampir anjeun teu bisa leupas ti kami, éstu anjeun téh ngadalitan ka kami béak beurang bék peuting ..apan anjeun téh resep hirup reureujeungan eujeung kami, mun aya nu misah téh ..anjeun kalah ka ngadat, kalah ngajak perang, … tapi naha ayeuna bet teu ngaku siah !...kalah ngusir kami..”

Ngadéngé jawaban éta jalma kitu, akang jadi panasaran, tuluy akang nanya deui:

“Nya seug lah …! bisi kami poho..da batur kami téh loba ..nya saha..atuh anjeun téh nu sabenerna ?..kami jadi panasaran..”

Kadéngé manéhna ngajawab deui:

“Yeuh ..! apan kami téh bukti tina laku lampah anjeun salila hirup di alam dunya…ieu kami bukti tina laku ngajahat anjeun ka sasama !, ieu kami bukti laku lampah ngagunasika anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku teu ecreug anjeun nu salilana ngarugikeun ka sasama anjeun !, ieu bukti laku kaniaya anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku culas anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku mergasa anjeun kana hak sasama anjeun !..tah ieu kami bukti laku nu nukang nonggong anjeun ka Pangéran anjeun !…ku kituna wayahna ..kami kudu jadi batur anjeun ayeuna, narima teu narima ..anjeun kudu narima …”

Ngadéngé jawaban kitu ..akang…teu bisa kukumaha, pasrah kana kaayaan, da diusir ku akang téh si jalma kalah ka tetep mugen hayang tetep maturan, akang ukur bisa nyegruk ceurik, pinuh rasa kaduhung, bingung teu manggih tungtung, susah rasa nu taya sudana, akang ukur bisa nga naha-naha kana kaayaan, nganaha-naha ka diri, akang ukur bisa sasambat ka ema jeung abah, sasambat ka maranéh, akang ménta tulung, keueung, sieun, akang gogorowokan…ukur bisa kitu kaayaan akang harita”.

“Barang akang keur tagiwur rarasaan kitu, karasa ku akang kaayaan téh ngadadak inggeung siga aya lini, kadéngé sora angin nu séah, nambah rasa ka keueung akang, dédéngéan nu teu paruguh kadéngé ku akang, tuluy kadéngé sora nu ngagejlig leumpang ngadeukeutan, nu léngkahna ngeundeurkeun kaayaan, léngkah-léngkahna matak soak nu ngadéngé, matak ngaruntagkeun jajantung, éstu léngkah nu matak pikakeueungeun ....."
“Gejlig !..gejlig…!..kadéngé léngkah nu datang téh mingkin ngadeukeutan, ceuli akang asa katorékan ku ngadéngé léngkahna, sabudeureun rohangan nu ku akang dicicingan ..inggeung siga aya lini pangaruh ku léngkah nu datang nyampeurkeun, sora angina mingkin séah, nambahan kakeueung akang, ..Gejlig….!....gejlig…!...beuki deukeut baé…awak akang ngageter, ngadadak asa kapupul bayu awak akang leuleus lungsé taya tangan pangawasa, kabawa ku kaayaan, tuluy akang ngedepruk sideku, tuluy akang nutupan beungeut ku dua dampal leungeun akang, akang tipeperekt embung ningali nu datang nepungan, akang embung tepung jeung maranéhna, karep mah akang téh hayang ngeujat ti dinya, …tapi….akang teu walakaya, ..sedengkeun jalma nu ngaku babaturan akang tadi, ukur cicing ngajentul siga nu teu malire kana kaayaan akang”.

“Gejil-gejlig…sora léngkah téh geuning sigana lain saurang tapi kadéngé sora léngkah duaan, ..akang ngadedéngékeun, bari tetep teu puguh rarasaan, jeung panasaran saha nu datang téh..?...bakat ku kapangaruhan ku kayaan nu kacida keueungna akang tetep sideku ngarumpukan beungeut ku dua dampal leungeun akang, bari satengah sujud dua siku akang disendekelkeun kana taneuh, kitu kaayaan akang harita, éstu keueung, kakeueung akang harita, éstu keueungna kacida…bari tetep sasambat ka maranéh, akang ménta tulung…akang hayang dibaturan…” jep jalma buraong téh ngeureunkeun caritana, tuluy rada ngahuleng siga nu aya diinget-inget, tuluy neruskeun deui caritana:

“Keur tagiwur rarasaan kitu, jep sora léngkah téh teu kadéngé deui, siga nu eureun hareupeun akang, tuluy kadéngé aya sora nu handaruan, kadéngé rada sesentak, éstu sora nu matak ngaruntagkeun jajantung jeung matak ancurna gegendangan ceuli, kadéngé maranéhna nyebut aran akang, sababaraha kali. Akang tetep sideku bari ngarumpukan beungeut ku dua dampal leungeun akang, tuluy kadéngé deui manéhna nyarita:

“Yeuhh…manusa !...sok cengkatkeun sirah andika, buka leungeun nu nutupan beungeut andika téh, prak geura madepkeun beungeut andika ka kami duaan, ..sok tong talangké harérésé….!,,geus waktuna andika ..ngajawab patakonan kubur nu minangka tugas kami duaan, siap teu siap kana ngajawab patakonan kami andika kudu siap…!” ceuk éta sora nu datang tadi, bari nyebutkeun aran maranéhna duaan, nayéta manéhna ngaku aran Munkar jeung Nakir….”

Dititah kitu akang téh nya kapaksa ngawanikeun nyengkat sirah, sanajan nyampak rasa kasieun nu kacida, tuluy akang ngarobah posisi nu satengah sujud téh jadi diuk, tuluy muka dua leungeun akang nu nutupan beungeut, bréh katingali ku akang, aya dua makhluk nu kacida jangkung badagna, beungeutna pikasieuneun, bari katingali mamawa paneunggeul tina gada nu kacida baradagna, mun seug diteunggeulkeun ka awak akang téh geus pasti bakal ancur teu mangrupa. Ningali kitu tuluy akang nyéségkeun awak najan karasana leuleus ogé saised-saised ka sisi éta rohangan tempat akang cicing harita, karep mah akang hayang lumpat ngejat ngajauhan, tapi teu bisa… kadéngé maranéhna nyarita, nakon akang ku patakonan nu kahiji, patakonan nu ampir mirip jeung nu dibaca ku lebé nalika nalqinkeun akang tadi pas beres dipendem, memeh maranéh arindit ninggalkeun akang”

“Man Robbuka….?. (..saha pangeran andika….?)”…..ceuk éta makhluk ngamimitian nanya ka akang,….akang ngabigeu teu bisa ngajawab. “Man Robbuka…?....saha pangeran andika…?’….makhluk téh nanya deui ka akang, akang tetep ngabigeu teu bisa ngajawab….nepi ka tilu kali, akang tetep ngabigeu, létah asa kaku, pikiran ngalayang neangan jawaban tetep lebeng teu inget kana naon-naon, keur anteng pikiran akang neangan jawaban, hiuuukk…..asa aya angin nu nebak ka awak akang, hawana karasa ngahéab..panas kacida, sora ngahiukna ..handaruan …….ngan habek téh awak asa aya nu neunggeul,…atuh goak téh akang ngagoak ..da geuningan akang téh diteungeul ku gada nu badag nu dicekel ku salah saurang makhluk nu ngaku Munkar jeung Nakir téa, ….”

“Akang gogoakan, nahan kanyeri, awak asa pasiksak, tulang asa remuk, sirah asa bencar ku akibat teunggeulan éta, ngan teu lila kaayaan kituna téh, …karasa akang téh jagjag deui, awak nu remuk téh asa beleger deui ..” jep jalma buraong téh ngeureunkeun deui caritana, ngarenghap narik nafas jero pisan, demi pamajikanana ngadedempes ngadéngékeun salakina nu keur ngadongéng. Tuluy jalma buraong téh neruskeun deui caritanana:

“Tuluy Maranéhna …ngajukeun deui patakonan nu kadua kalina: “Man Nabiyyuka ? (….saha Nabi andika ?)” ..persis siga kana patakonan nu kahiji akang ngabigeu …teu bisa ngajawab. Hiuuuk deui ....asa aya angin nu nebak ka awak akang, hawana karasa ngahéab..panas kacida, sora ngahiukna ..handaruan …….saperti tadi ..ngan habek téh awak asa aya nu neunggeul,…atuh goak deui .. akang ngagoak nahan kanyeri…”

“Tuluy maranéhna nanya deui ku pertanyaan nu katilu kali, nepi ka nu kagenep kalina: “Ma diinuka ..?...(naon agama andika …?)” ....Maa Qiblatuka…? (Naon kiblat andika ..?)” ….”Maa Imaamuka…?..(naon Imam Andika …?)” ….”Man ..ikhwaanuka ?...(saha nu jadi babaturan andika..? )”…. Lebeng kabéh ogé ….euweuh nu kajawab ku akang, satiap akang teu bisa ngajawab diantara patakonan éta ..akang diteunggeulan ….tuluy beleger deui …kitu jeung kitu…baé kaayan akang harita, nepi ka akang ukur bisa ..gogoakan,gogrowokan Ampuunn….!....tobaat..!...kuring tobaaaaat..!Ampuuunn !......nya nepi ka akang hudang ..da…diguguyah ku manéh…” Ceuk éta jalma buraong ..mungkas carita nu kaalaman dina impianana.

Jep jarempé duanana rarépéh teu aya nu nyarita, ting haruleng mikiran naon nu tadi dicaritakeun, teu lila ngong kadéngé hawar-hawar sora adzan shubuh ti masigit, kojéngkang jalma buraong téh ngojéngkang tina diukna muru ka lawang panto, ngan teu kebat manéhna ngarandeg da ditanya ku pamajikanana:

“Rék kamana kang ..?”

“Rék ka cai ah..! beberesih, ..geus waktuna ..sholat shubuh..kami rék diajar tobat…” jawab jalma buraong bari nongtoyod leumpang muru ka lawang panto kamar tuluy kaluar nuju ka jamban.

“Alhamdulillah….ya Allah …! Do’a abdi diijabah ku Anjeun …geuningan salaki abdi téh ayeuna…sadar najan ngalangkungan impenan…duh Gusti ! mugia ..Anjeun netepkeun hidayah ka caroge abdi ..oge ka jisim abdi, ka kulawarga abdi ..oge kaum muslimin sadayana ..tug dugi ka anjeun ..misahkeun nyawa tin raga-raga abdi sadaya, sareng mugia anjeun netepkeun ..kaislaman abdi-abdi sadaya tug dugi abdi-abdi sadaya maot, sarta mugia anjeun netepkeun kana maot-maot abdi sadaya ..teh maot nu husnul khotimah….” Ceuk pamajikanana, bari manéhna sarua tuluy ngojéngkang nuturkeun salakina ka jamban.

Caaaag

Subang 23052010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar