Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوفْ وَالْجُوعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الأَمَوَالِ وَالأنفُسِ وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُم مُّصِيبَةٌ قَالُواْ إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّـا إِلَيْهِ رَاجِعونَ أُولَـئِكَ عَلَيْهِمْ صَلَوَاتٌ مِّن رَّبِّهِمْ وَرَحْمَةٌ وَأُولَـئِكَ هُمُ الْمُهْتَدُونَ .
(ألبقرة: 157-155)
”Jeung Saestuna Kami baris nyoba maraneh ku sarwa saeutik kasieun, kalaparan kakurangan banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku maneh jalma-jalma nu sabar. Nyaeta jalma-jalma anu dina mangsa katibanan musibah ngucapkeun: “Saestuna abdi sadaya the kagngan Allah sareng saestuna abdi sadaya baris mulang ka anjeun-Na (Innaa Lillaahi Wa innaa Ilaihi rooji’uun). Nya Maranehna anu bakal meunang kurnia jeung rahmat ti Pangeranna, jeung nya maranehna anu baris meunang pituduh”
Mun seug nyoreang ka mangsa ka tukang, Urang sadaya tos pada uninga, yen nagri urang keur di beulit ku mangpirang-pirang musibah nu kacida tumpa-tumpana. Ti kawit taun 1998 ka beh dieunakeun lumangsungna krisis ékonomi nu disebut krisis monétér téa, salah sahiji sebabna nyaéta ku ngagejrétna harga rupiah kana dolar, nu ngakibatkeun lemahna ékonomi nagri urang, harga barang-barang nu mangrupakeun kabutuhan hirup sapopoé kayaning salapan bahan poko nérékél naék, antukna ku hal ieu loba rahayat urang nu ngangluh bari rumahuh sabab di beulit ku kariripuh nu kacida beuratna, sabab teu mampuh pikeun minuhan pangabutuh. Kajaba ti éta akibat nu kacida rongkahna ningkatna angka kamiskinan, pangangguran, kriminalitas, ogé ngakibatkeun ningkatna angka budak nu teu bisa ngalanjutkeun sakola, geus puguh ari budak nu kurang gizi mah angkana geus teu kawilang.
Teu kalis kitu baé, disusul deui ku kajadian di ibukota nagara urang Jakarta, lumangsung kajadian nu ahéng, malah lain di Jakarta wungkul disusul di daérah-daérah séjénna, nyatana timbul karusuhan anu sifatna anarkhis jeung sporadis, diantarana ngajarah banda batur, maksa mirusa kahormatan wanita, ngarusak jeung ngaduruk sarana jeung prasarana nu kacida pentingna, sahingga ngabalukarkeun korban jiwa, raga katut harta nu teu kaitung jumlahna.
Can salsé masalah éta, disusul deui ku kajadian nu ngabalukarkeun rusakna kana rasa perstuan reujeung kesatuan, rusak rasa nasionalisme, rusakna rasa ukhuwah (duduluran) bangsa urang. Nu ceuk bejamah, yen nagri urang téh ka celuk nagri nu nu bangsana “ramah tamah, béar budi, soméah hadé ka sémah, hirup ukun sauyunan sabobot sapihanéan”. Ancur sapada harita ku ayana kajadian nu kacida matak muringkakna bulu punduk, mantak sébér haté, matak watir, nyatana kajadian di Maluku jeung di Poso nu ka kocap daérah toléran, aman jeung micinta karukunan téh robah jadi daérah lautan geutih, nyawa nu teu boga dosa ngalayang disabet ku pakarang, sahingga bangké jalma nu teu mangrupa, ting soléngkrah patulayah di antara ruruntuk bangunan nu ancur. Sahingga ngakibatkeun ngocéakna jagat Indonésia, ngajeritna ibu pertiwi..
Teu lila ti éta aya béja puluhan nyawa leungit ku sabab tabrakanna karéta jeung karéta, nu lain saeutik ngakan korban. Disusul deui muragna kapal Garuda ka walungan bengawan solo. Tug dugi ka tilemna kapal ‘Adam Air’ nu dugi ka kiwari teuing dimana ruruntukna. Ditambah deui ku kérémna kapal Senopati jeung lévina di sagara nu lain saeutik korban nu ilang nyawa. Geus puguh di Sidoarjo Jawa tengah jadi lautan leutak, sabab muncratna leutak tina dasar bumi, akibat kasus lapindo, nu ngakibatkeun ratusan jelema kudu réla ninggalkeun padumukanana nu di banjiran ku leutak panas. Acan deui panyakit nu nerekab, kayaning flu burung, anu dugi ka ayeuna nyerang ka sakumna masyarakat nu aya di Indonesia. Jeung sajaba ti éta.
Atuh ka beh dieunakeun nu karasa jeung kasaksen ku urang urugna gunung, tsunami, jeung kiwari bituna gunung merapi nu kabehanana lain saeutik korban ku hal ieu kajadian, nu ilang nyawa, harta kulawarga jeung sajabana, Ieu téh kudu jadi bahan tafakur saréréa, aya naon dibalik musibah nu ayeuna tumiba téh, sabab mun di titénanmah kacida lengkepna musibah téh ti mimiti darat, laut reujeung udara, boh nu ti alam asalna pon kitu kénéh musibah ka diri manusa sorangan. Naha mémang ieu téh musibah, atawa hukuman, atawa mémang ieu téh per-ingetan ti Pangéran atawa naon ? pertanyaan ieu nu kudu dijawab. Tapi saméméhna urang kudu boga pamadegan yen sagala kajadian nu lumangsung pasti aya hikmahna, aya I’tibar nu kudu jadi cecekelan pikeun kahareupna.
Mugia ieu téh minangka ujian sanés hukuman ti Alloh s.w.t. kangge nagri urang umumna, khususna kanggé urang sadayana, bari salawasna urang taqorrub ka Manten-Na, sareng urang bantos boh ku do'a, daya reujeung dana kangge baraya-baraya urang nu ayeuna keur kakeunaan musibah, mugia Alloh maparin kakiatan kaimananan, kasobaran ka baraya-baraya urang. Amin.
Wallohu A'lam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar